Yeh numawi ngadadak janten dinten Rebo tadi siang, da saurna aya upacara seba kawenginakeun. Hapunten teu ngajak-ngajak da gurunggusuh tea. Anu kawartosan teh MJ sareng Kang HW, di Garut Kang Darpan, nu puguh mah mobilna pinuh ku peti, janten limaan sareng supir teh pas, ari uihna mah ngemplong eta ge ngajak nu demplon sisi jalan, ngan alimeun da ningal supirna tos aki-aki, akina pun anak, pun paman, he he...!!
MSas ----- Original Message ----- From: ncep tribun To: [email protected] Sent: Wednesday, February 06, 2008 7:03 PM Subject: Re: [Urang Sunda] Kahatur Pangersa Ua Sasmita Wa, saurna enjing (kemis, 7 feb) bade ka Garut? Sareng saha wae? Tabuh sabaraha miosna? cecep b .

