kang Maya,
Dina bukuna Alm pak Edi Ekajati( buku: Sunda, Nusantara dan Indonesia), kecap
Nusantara ngawitan dianggo jaman Majapahit pertengahan abad 14, keur nyebut
daerah diluar Jawa. Mangga aos didieu www.pabukon.multiply.com
Kecap Nusantara dipopulerkeun deui jaman Maltatuli-Walanda, kanggo nyebat
alias Hindia-Belanda. Dugi ka ayeuna.
Basa Jawa ayeuna nu reumbeuy ku huruf O pan beh dieu, upami teu lepat mah
waktos jaman Mataram/Sultan Agung. Dina buku kagungan Rohmin Dahuri, ex-Metri
Kelautan, Cirebon Nagara Bahari mah disebatkeun yen waktos jaman Mataram/Sultan
Agung nu ngagentos huruf A janten O, pananggalan taun jawa nu didasarkeun taun
Islam, unggah-ungguh basa sareng nu sanesna. Mung upami ditengetan jaman
majapahit pan masih sami jeung di urang.
siporenges
kang brad.....
naha kecap NUSANTARA lain siga ilaharna basa jawa sukuna OOO.....
meureun mun enya ti jawa mah kuduna NUSONTORO... .
lamun aslina ti aceh mah siga na NUSENTEREH
tah lamun aslina ti padang boa NUSEUNTEUREU ....
tah, matakna kuring mah boga kayakinan kecap NUSANTARA asli sunda....
duka kumaha sajarah na mah...
taroskeun ka ambu diana
---------------------------------
Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search.