Re: Kahatur Pangersa Ua Sasmita

--- In [email protected], "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Eumh...!!
>
>
> MSasmita
>

MSasmita : Eumh...!! ---Bari nenjrag bumi 3x (dina imajinasi kuring)

Kuring : Tuh nya... matak oge ulah sok ribut wae, pami kasepuhan tos
nenjrag bumi kitu rek kumaha tah?
Etah kalah ribut...!! Repeh siah....!!! ribut wae....!! Aya anu gering
di Imah Gering (terjamah bebas tina Rumah Sakit).

Loba keneh garapeun....!! Ulah beuki-beuki teuing kana paisan
kosong, mani pada marebutkeun.

Soal bebeneran, dina kasauran K.H. Hasan Mustapa mah geuning cenah,
bener ceuk anu panuju, teu bener ceuk anu teu panuju. Atuh masalah
ngeunah teu ngeunah, pan eta mah kuma ceuk rarasaan panarimana.
Naha urang kudu cicing lamun ceuk pamikiran urang aya jalma
ngalakukeun kasalah, ngalakukeun hal anu matak teu ngeunaeun kana hate
batur..?
Ulah cicing! Ngomong, bejaan..!! Tapi mun teu nurut mah geus lain
urusan urang deui, antep we engke ge ngarti sorangan. Da geus darewasa
ieuh pan? malah loba anu geus meujeuh disebut aki-aki...., ulah sok
kamalinaan teuing ari taeun teh.
Lieur aing mah.... jadi we kababawa bubudakeun kieu.....

Geus ah.... rek nyieun monolog... kalah jadi kieu...
Rek mamatahan, kalah jadi papatahaneun batur....
Rek ngajak hahadean, kalah jadi matak ka batur...
Rek nyieun gawe, kalah matak ngagawekeun batur....
Rek nyeungeut lilin ngarah kacaangan, kalah ngaduruk curuk.....
Pokona mah...... REK....... KALAH..........

MSasmita : Eumh...!! ----Bari ngusap dada (dina implengan kuring).


----------
KGB
-----------------------

Kirim email ke