mun enya leungitna Gajah Mada ti "dunia persilatan" satutasna kajadian Perang 
Bubat pedah ku lantaran Kerajaan Sunda Galuh geus taluk (hartina sumpah geus ka 
tedunan, terus manehna tapa brata), 
naha carita Perang Bubat/talukna Sunda Galuh ieu teu mucunghul dina Kitab 
"Negara Kertagama" ?! 
padahal ampir kabeh kajadian penting di zaman Majapahit harita, aya ka catet 
dina kitab ieu...

jigana nu leuwih kaharti mah, nyaeta sangkaan (hipotesis) nu nyebutkeun yen 
kajadian di Bubat teh mangrupakeun aib keur Hayam Wuruk, makana teu mucunghul 
di Kitab Negara Kertagama, terus Gajah Mada-na dicarekan lak-lak dasar nepikeun 
leungit ti "dunia persilatan".... MEUREUN ieu ge ketang


^_^



  ----- Original Message ----- 
  From: brad porenges 
  Subject: Re: Balasan: Re: [Urang Sunda] acara Kupastuntas Bubat Tea-Nusantara



  Lamun ditengetan seratan pa Edi nu "nyandak" tina buku kagungan  
Sardjono-Pradotokosumo ngeunaan harti sumpah palapa".............Apabila 
Nusantara sudah kalah, saya akan menikmati (hasilnya dengan) 
beristirahat......."

  Kuring nangkep kalimah "Apabila Nusantara sudah kalah, " hartina wewengkon nu 
geus jeung eudeuk ditalukeun, eces diluar ibukota Majapahit nu di pulo Jawa. 
Jadi Nusantara hartina wewengkon saluareun Majapahit nu di pula Jawa. Mun urang 
nitenan deui buku  nu aya peta pulo Jawa jaman Portugis, memang nganggap 
majapahit dan sunda/padjadjaran misah, beda pulau. Nusantara nu disusun ku 
kecap Nusa jeung Antara nu ngandung harti antara 2 samudra sigana ieu mah jaman 
maltatuli eta. Enya sigana....! hehe

  Hiji deui, dina sababaraha buku ditulis sanggeus kajadian "pembantaian 
bubat", gajah mada tapa brata (istirahat).......nu ngandung harti bener 
nganggap Sunda geus taluk. Nya meureun...teu jauh ti kitu ngartikeun nu lain na 
oge. haha....heu meureun!


  siporenges     
  . 
   

Kirim email ke