Rampes... Duh karunya teuing dulur aing anu wayah kawin.... Kang, jodo pati bagja cilaka mah rusiah Pangeran....
mun akan geus panceg mah, tetep dina kayakinan..... anu perlu dipenta ridona indung bapa tiheula.... saterusna karek dulur anu deukeut.... der wae, penta ridho na kolot.... atuh eta dulur aya anu teu panuju, tempo alesanna, lamun cek akang dasar alesanna teu kuat.... geus wae teruskeun... ngan angger diobrolan mah kudu... bisi malah jadi matak..... nuhun ah. didoakeun muga digampangkeun urusanna Jatigede <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Sampurasun, Kumaha damang sadaya baraya? Saleresna beurat kanggo nulis didieu kanggo konsultasi, mung kusabab abdi teu gaduh rencang kanggo ngedalkeun hate, Kapaksa nyerat didieu. InsyaAllah kahoyong mah taun ieu abdi nikah. Namung anu janten masalah picaloneun teh tos gaduh putra. Picaloneun abdi, rerencangan abdi waktos sakola di SMA taun 1990-1993. teras papisah. Anjeuna nikah gaduh anak 2, anu ageung kelas 4 SD anu alit nuju di TK. Namung anu ageung sareng bapana di Bengkulu tinggal anu alit. Pun biang mah demokratis pisan kasaha-saha ge teu ngawagel oge sabagian ageung keluarga, mung hiji raka anu istri teu satujueun. Memang picaloneun abdi teh teu damel, di lembur wae. Kumaha nya? Kanggo abdi mah Lilallahi Ta'ala, sadaya masrahkeun ka Allah sabab abdi mah nyandak intisari islam nyaeta masrakeun diri ka Allah dina masalah ieu. Insyaallah hate teu egois, ikhlas sareng sumanget. Sabab di pikir bulak balik di beuweung diutahkeun ge tetep we moal aya tiasa anu ngagentos. Duh tugas di luar Jawa deui... Cik saha anu gaduh bongbolongan..... Hatur nuhun... www.friendster.com/sahman www.geocities.com/ex_orientelux Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com Nuhun. Cepot. www.kampung-tumaritis.com --------------------------------- Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo! Answers

