Kang Dadi, Calon istri teh rerencangan pisan Ade Chandra (alm).
Waktos di SMA sa-kost-an. Malah sobat dalit pisan sareng calon istri. 

Sahman

Dadi Kurniadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                               
Kang, masih emut ka abdi? akang teh rerencangan na ade chandra (alm)?
  saran ti teh siti satuju pisan. memang kedah kitu carana, nanging ilham eta 
moal terus datang ukur sakali sholat. jadi usahakeun terus-terusan sholat nepi 
ka pamadegan mantap..
  Ngan keur sim kuring, dina milih picaloneun gadis atanapi randa, sami 
wae......sabab takdir anu geus nangtukeun nasib hiji jelema mah. kitu deui si 
etehna saleresna teu hoyong janten randa pan.
  Ngan kedah ditalungtik heula, kunaon janten randa (asal muasalna). Mun alatan 
ngalawan ka salaki, toloheor, selingkuh atanapi panas baran mah, langkung sae 
di emut deui. Margi tiasa janten laku na nu baheula bakal kaulang deui.
  Tapi pami sababna ti ex salakina, eta oge kedah diemutan, terutama ngemutan 
sabaraha mas kawin na?? heheheh....
  Pami akang tiasa ngangkat darajat randa jadi istri akang, insya allah kang 
ageung amalna (kumaha niat akang), wallahu alam.
  Kitu  wae kang, salam sono we nya, mun aya kecap nu teu merenah, tong 
dianggap kang
  anggap we si pohang keur ngabojeg.
  wassalam








www.friendster.com/sahman
www.geocities.com/ex_orientelux
 Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

Kirim email ke