Cobi weh netepan istikhoroh, pami jodona mah...pasti dilancarkeun jalanna. Bari
ditaros ka teteh na kunaon teu satuju? pami syar'i alesanna kedah ditampi, pami
kusoal statusna mah...carioskeun weh nu sae bari sebatkeun sadaya kasaean calon
teh....
Kitu ah kinten2, duka leres teu tah...
Jatigede <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sampurasun,
Kumaha damang sadaya baraya?
Saleresna beurat kanggo nulis didieu kanggo konsultasi, mung kusabab abdi teu
gaduh rencang kanggo ngedalkeun hate, Kapaksa nyerat didieu.
InsyaAllah kahoyong mah taun ieu abdi nikah. Namung anu janten masalah
picaloneun teh tos gaduh putra.
Picaloneun abdi, rerencangan abdi waktos sakola di SMA taun 1990-1993. teras
papisah. Anjeuna nikah gaduh anak 2, anu ageung kelas 4 SD anu alit nuju di TK.
Namung anu ageung sareng bapana di Bengkulu tinggal anu alit.
Pun biang mah demokratis pisan kasaha-saha ge teu ngawagel oge sabagian ageung
keluarga, mung hiji raka anu istri teu satujueun.
Memang picaloneun abdi teh teu damel, di lembur wae.
Kumaha nya?
Kanggo abdi mah Lilallahi Ta'ala, sadaya masrahkeun ka Allah sabab abdi mah
nyandak intisari islam nyaeta masrakeun diri ka Allah dina masalah ieu.
Insyaallah hate teu egois, ikhlas sareng sumanget. Sabab di pikir bulak balik
di beuweung diutahkeun ge tetep we moal aya tiasa anu ngagentos.
Duh tugas di luar Jawa deui...
Cik saha anu gaduh bongbolongan.....
Hatur nuhun...
www.friendster.com/sahman
www.geocities.com/ex_orientelux Send instant messages to your online friends
http://uk.messenger.yahoo.com
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com