Punten kang ngiring mairan, ieu mah nu pang seringna ditaroskeun ka nu rek
kawin ka randa: "naha anjeun sangem, kuat nahan gogoda ti hayang ngarasaan
parawan?"
Pami tos buleud sangem der we, Insya Allah jalan kahareup tos dilempengkeun
ku niat. Sobat sim kuring ge alhamdulillah tos 18 taun kompak, pami reuni ge
pede we da ngarasa senior...kakara ngalengkah geus buntutan hiji (ayeuna mah
tos tilu).
Tapi pami masih ragu-ragu....nya timbang-timbang deui we lah da ari nikah mah
niatna ge keur saterusna, panjang waktu jeung jalana, oge loba gogodana,
padahal "no point of return", teu aya puteran keur balik deui (U turn).
Nyuhunkeun pitulung ka Allah SWT, ku jalan netepan istikharah....mutlak,
wajib!
Salam
tirta
Jatigede <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Dadi, Calon istri teh rerencangan pisan Ade Chandra (alm).
Waktos di SMA sa-kost-an. Malah sobat dalit pisan sareng calon istri.
Sahman
Dadi Kurniadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang, masih emut ka abdi? akang teh rerencangan na ade chandra (alm)?
saran ti teh siti satuju pisan. memang kedah kitu carana, nanging ilham eta
moal terus datang ukur sakali sholat. jadi usahakeun terus-terusan sholat nepi
ka pamadegan mantap..
Ngan keur sim kuring, dina milih picaloneun gadis atanapi randa, sami
wae......sabab takdir anu geus nangtukeun nasib hiji jelema mah. kitu deui si
etehna saleresna teu hoyong janten randa pan.
Ngan kedah ditalungtik heula, kunaon janten randa (asal muasalna). Mun alatan
ngalawan ka salaki, toloheor, selingkuh atanapi panas baran mah, langkung sae
di emut deui. Margi tiasa janten laku na nu baheula bakal kaulang deui.
Tapi pami sababna ti ex salakina, eta oge kedah diemutan, terutama ngemutan
sabaraha mas kawin na?? heheheh....
Pami akang tiasa ngangkat darajat randa jadi istri akang, insya allah kang
ageung amalna (kumaha niat akang), wallahu alam.
Kitu wae kang, salam sono we nya, mun aya kecap nu teu merenah, tong dianggap
kang
anggap we si pohang keur ngabojeg.
wassalam
www.friendster.com/sahman
www.geocities.com/ex_orientelux Send instant messages to your online friends
http://uk.messenger.yahoo.com
Makarya Mawa Raharja
---------------------------------
Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now.