Sampurasun....
Sateuacanna kuring ngedalkeun pamaksudan anu utama, nyaritakeun
naon-naon anu dikemu na angen-angen, tiheula sim kuring seja brukbrak
yĕn sim kuring geus rada lila teu aktif di milis kasundaan, boh milis
Urang Sunda, Ki Sunda, nya kitu ogĕ Baraya Sunda, kaasup Gank Lĕboy.
Kusabab kitu kanyaho kuring ngeunaan: naon ari kusnĕt (lian ti
kapanjanganana nyaeta Komunitas Urang Sunda di Internĕt), kasang
tukang, perjalanan sareng sagala hal anu aya patula-patalina jeung
milis kasundaan, kuring teu apal. 

Kusabab kitu, boh bilih naon-naon anu dikedalkeun ku simkuring teu
merenah tur lain dina tempatna, tipayun sim kuring sejak mĕta
pangampura ka balarĕa, khususna ka para inohong KUSNĕT (duka
saha-sahana mah). Geus lila sabenerna mah ieu pasualan teh ngancik
dina pikiran kuring, tatapi teu dianggap penting pikeun dipersoalkeun.
Tatpi kiwari, ku acayana pabĕntar paham antara sababaraha pihak
ngeunaan hal ieu, sim kuring jadi nganggap perlu hal ieu diadurenyomkeun.

Maksud sim kuring, nyaĕta seja tumanya ngenaan:

1) Upami KUSNĔT sacara harfiah nyaeta wancikan tina KOMUNITAS URANG
SUNDA DI INTERNĕT naha sadaya situs umum (web, portal, forum, milis
jrrd), anu diwangun kalayan wanda kasundaan tur dijieun pikeun umumna
masyarakat Sunda (US) sarta ngemu tujuan pikeun kamajuan jeung
kamekaran Ki SUNDA, naha eta situs sareng milis teh tiasa disebut KUSNĔT?
2) Sim kuring salami ieu (duka salah benerna mah) nganggap milis Urang
Sunda, Ki Sunda, Baraya Sunda, kaasup Gank Leboy, kitu oge web
urangsunda jeung anu lianna anu sajenis, taya lian ti varian tina anu
disebut KUSNĔT. Naha pikiran sim kuring teh salah atawa hanteu? 
3) Sim kuring nengetan dina sababaraha lalayang (posting) di milis
urangsunda, sim kuring tepi kana kacindekan yen KUSNĔT teh mangrupa
"label" (tetelahan, lalandian, ngaran) anu jadi "milik" resmi web
www.urangsunda.net ? Hal ieu sigana anu janten kasang tukang yen web
anu ngangge label KUSNĔT, kedah aya disahandapeun (afiliasi)
www.urangsunda.net atawa milis
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/. Naha kacindekan kuring teh
salah atawa hanteu?
4) Pikiran dina patalekan-patalekan di luhur, bisa mawa kana
kacindekan yĕn: milis jeung ramat-loka umum anu pamilonna urang Sunda
sarta eusi tur tujuanana madungdengkeun masalah-masalah kasundaan
samodĕl Ki Sunda, oge Baraya Sunda jeung anu lianna, kudu jadi
afiliasi jeung varian tina KUSNĔT anu wujud resmina nyaeta
www.urangsunda.net. Naha kacindekan kitu tĕh bisa dibenerkeun atawa
hanteu?

Lamun kapandang kuring di luhur bener, kuring rada hariwang bakal aya
masalah anu leuwih rongkah batan anu ayeuna dipasualkeun di milis
urangsunda. Anu bakal ngarasa kasigeung lain ngan saukur forum anu
dijieun ku Mang Maya (?) tatapi sakumna milis lianna anu sajenis,
khususna para kuncenna jeung anu ngarintisna; da ari pamilonna mah
geuning lolobana mah eta-eta keneh.

Sakitu heula ti sim kuring anu laif pangarti, taya pangabisa tur jauh
ka bisa disebut wijaksana.

Baktos Kuring

KGB -----

Kirim email ke