Oooh pami kitu mah sapertos terminal Changi Singapur..... 
  Kecap terminal teh matak waas kang Soni, abdi kapungkur sok nyangu di ampera 
lewat tengah peuting di kebon kalapa da ngudag subuh di cililitan.
   
  salam
  tirta
   
   
  sonirosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
            he..he...
  kuring mah leuwih bogoh perkawis "pungsi"-na.
   
  salam sono ka sadayana.
  sonirosa
  www.bolotot.com
   
    ----- Original Message ----- 
  From: Jalak Pakuan 
  To: [email protected] 
  Sent: Sunday, February 17, 2008 12:37 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Tumanya Ngeunaan KUSNET
  

      Alah siah kang Soni, pan terminal mah pangawasana .......matak geumpeur 
yeuh
  

sonirosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
        aki "kuncen cimanuk" ceuk kuring : kusnet = terminal.
   
  sonirosa
  www.bolotot.com
   
    ----- Original Message ----- 
  From: Kuncen Cimanuk 
  To: [email protected] 
  Sent: Saturday, February 16, 2008 10:08 PM
  Subject: [Urang Sunda] Tumanya Ngeunaan KUSNET
  

    Sampurasun....
Sateuacanna kuring ngedalkeun pamaksudan anu utama, nyaritakeun
naon-naon anu dikemu na angen-angen, tiheula sim kuring seja brukbrak
y&#277;n sim kuring geus rada lila teu aktif di milis kasundaan, boh milis
Urang Sunda, Ki Sunda, nya kitu og&#277; Baraya Sunda, kaasup Gank L&#277;boy.
Kusabab kitu kanyaho kuring ngeunaan: naon ari kusn&#277;t (lian ti
kapanjanganana nyaeta Komunitas Urang Sunda di Intern&#277;t), kasang
tukang, perjalanan sareng sagala hal anu aya patula-patalina jeung
milis kasundaan, kuring teu apal. 

Kusabab kitu, boh bilih naon-naon anu dikedalkeun ku simkuring teu
merenah tur lain dina tempatna, tipayun sim kuring sejak m&#277;ta
pangampura ka balar&#277;a, khususna ka para inohong KUSN&#277;T (duka
saha-sahana mah). Geus lila sabenerna mah ieu pasualan teh ngancik
dina pikiran kuring, tatapi teu dianggap penting pikeun dipersoalkeun.
Tatpi kiwari, ku acayana pab&#277;ntar paham antara sababaraha pihak
ngeunaan hal ieu, sim kuring jadi nganggap perlu hal ieu diadurenyomkeun.

Maksud sim kuring, nya&#277;ta seja tumanya ngenaan:

1) Upami KUSN&#276;T sacara harfiah nyaeta wancikan tina KOMUNITAS URANG
SUNDA DI INTERN&#277;T naha sadaya situs umum (web, portal, forum, milis
jrrd), anu diwangun kalayan wanda kasundaan tur dijieun pikeun umumna
masyarakat Sunda (US) sarta ngemu tujuan pikeun kamajuan jeung
kamekaran Ki SUNDA, naha eta situs sareng milis teh tiasa disebut KUSN&#276;T?
2) Sim kuring salami ieu (duka salah benerna mah) nganggap milis Urang
Sunda, Ki Sunda, Baraya Sunda, kaasup Gank Leboy, kitu oge web
urangsunda jeung anu lianna anu sajenis, taya lian ti varian tina anu
disebut KUSN&#276;T. Naha pikiran sim kuring teh salah atawa hanteu? 
3) Sim kuring nengetan dina sababaraha lalayang (posting) di milis
urangsunda, sim kuring tepi kana kacindekan yen KUSN&#276;T teh mangrupa
"label" (tetelahan, lalandian, ngaran) anu jadi "milik" resmi web
www.urangsunda.net ? Hal ieu sigana anu janten kasang tukang yen web
anu ngangge label KUSN&#276;T, kedah aya disahandapeun (afiliasi)
www.urangsunda.net atawa milis
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/. Naha kacindekan kuring teh
salah atawa hanteu?
4) Pikiran dina patalekan-patalekan di luhur, bisa mawa kana
kacindekan y&#277;n: milis jeung ramat-loka umum anu pamilonna urang Sunda
sarta eusi tur tujuanana madungdengkeun masalah-masalah kasundaan
samod&#277;l Ki Sunda, oge Baraya Sunda jeung anu lianna, kudu jadi
afiliasi jeung varian tina KUSN&#276;T anu wujud resmina nyaeta
www.urangsunda.net. Naha kacindekan kitu t&#277;h bisa dibenerkeun atawa
hanteu?

Lamun kapandang kuring di luhur bener, kuring rada hariwang bakal aya
masalah anu leuwih rongkah batan anu ayeuna dipasualkeun di milis
urangsunda. Anu bakal ngarasa kasigeung lain ngan saukur forum anu
dijieun ku Mang Maya (?) tatapi sakumna milis lianna anu sajenis,
khususna para kuncenna jeung anu ngarintisna; da ari pamilonna mah
geuning lolobana mah eta-eta keneh.

Sakitu heula ti sim kuring anu laif pangarti, taya pangabisa tur jauh
ka bisa disebut wijaksana.

Baktos Kuring

KGB -----



  





  Makarya Mawa Raharja
    
---------------------------------
  Never miss a thing. Make Yahoo your homepage.   

  

                         


Makarya Mawa Raharja

       
---------------------------------
Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.

Kirim email ke