nya kinten2 sapertos kitu kang... rame, sagala aya, masing2 anu sumping gaduh tujuan sewang2, nya upamimi kaleresan sa rute mah tiasa rada lami tah sasarengana.
perkawis "nyoreang alam ka tukang. he..he.. sami2 gaduh panineungan di kebon kalapa, utamina mah di warung "ampera". waktu harita jaman keur ngora pami kuring bade mios ka bogor, sok rajeun nyaneut heula di ampera meni "raos pisan". salam sono sonirosa www.bolotot.com ----- Original Message ----- From: Jalak Pakuan To: [email protected] Sent: Sunday, February 17, 2008 8:15 PM Subject: Re: [Urang Sunda] Tumanya Ngeunaan KUSNET Oooh pami kitu mah sapertos terminal Changi Singapur..... Kecap terminal teh matak waas kang Soni, abdi kapungkur sok nyangu di ampera lewat tengah peuting di kebon kalapa da ngudag subuh di cililitan. salam tirta sonirosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: he..he... kuring mah leuwih bogoh perkawis "pungsi"-na. salam sono ka sadayana. sonirosa www.bolotot.com ----- Original Message ----- From: Jalak Pakuan To: [email protected] Sent: Sunday, February 17, 2008 12:37 PM Subject: Re: [Urang Sunda] Tumanya Ngeunaan KUSNET Alah siah kang Soni, pan terminal mah pangawasana .......matak geumpeur yeuh sonirosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: aki "kuncen cimanuk" ceuk kuring : kusnet = terminal. sonirosa www.bolotot.com ----- Original Message ----- From: Kuncen Cimanuk To: [email protected] Sent: Saturday, February 16, 2008 10:08 PM Subject: [Urang Sunda] Tumanya Ngeunaan KUSNET Sampurasun.... Sateuacanna kuring ngedalkeun pamaksudan anu utama, nyaritakeun naon-naon anu dikemu na angen-angen, tiheula sim kuring seja brukbrak yĕn sim kuring geus rada lila teu aktif di milis kasundaan, boh milis Urang Sunda, Ki Sunda, nya kitu ogĕ Baraya Sunda, kaasup Gank Lĕboy. Kusabab kitu kanyaho kuring ngeunaan: naon ari kusnĕt (lian ti kapanjanganana nyaeta Komunitas Urang Sunda di Internĕt), kasang tukang, perjalanan sareng sagala hal anu aya patula-patalina jeung milis kasundaan, kuring teu apal. Kusabab kitu, boh bilih naon-naon anu dikedalkeun ku simkuring teu merenah tur lain dina tempatna, tipayun sim kuring sejak mĕta pangampura ka balarĕa, khususna ka para inohong KUSNĕT (duka saha-sahana mah). Geus lila sabenerna mah ieu pasualan teh ngancik dina pikiran kuring, tatapi teu dianggap penting pikeun dipersoalkeun. Tatpi kiwari, ku acayana pabĕntar paham antara sababaraha pihak ngeunaan hal ieu, sim kuring jadi nganggap perlu hal ieu diadurenyomkeun. Maksud sim kuring, nyaĕta seja tumanya ngenaan: 1) Upami KUSNĔT sacara harfiah nyaeta wancikan tina KOMUNITAS URANG SUNDA DI INTERNĕT naha sadaya situs umum (web, portal, forum, milis jrrd), anu diwangun kalayan wanda kasundaan tur dijieun pikeun umumna masyarakat Sunda (US) sarta ngemu tujuan pikeun kamajuan jeung kamekaran Ki SUNDA, naha eta situs sareng milis teh tiasa disebut KUSNĔT? 2) Sim kuring salami ieu (duka salah benerna mah) nganggap milis Urang Sunda, Ki Sunda, Baraya Sunda, kaasup Gank Leboy, kitu oge web urangsunda jeung anu lianna anu sajenis, taya lian ti varian tina anu disebut KUSNĔT. Naha pikiran sim kuring teh salah atawa hanteu? 3) Sim kuring nengetan dina sababaraha lalayang (posting) di milis urangsunda, sim kuring tepi kana kacindekan yen KUSNĔT teh mangrupa "label" (tetelahan, lalandian, ngaran) anu jadi "milik" resmi web www.urangsunda.net ? Hal ieu sigana anu janten kasang tukang yen web anu ngangge label KUSNĔT, kedah aya disahandapeun (afiliasi) www.urangsunda.net atawa milis http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/. Naha kacindekan kuring teh salah atawa hanteu? 4) Pikiran dina patalekan-patalekan di luhur, bisa mawa kana kacindekan yĕn: milis jeung ramat-loka umum anu pamilonna urang Sunda sarta eusi tur tujuanana madungdengkeun masalah-masalah kasundaan samodĕl Ki Sunda, oge Baraya Sunda jeung anu lianna, kudu jadi afiliasi jeung varian tina KUSNĔT anu wujud resmina nyaeta www.urangsunda.net. Naha kacindekan kitu tĕh bisa dibenerkeun atawa hanteu? Lamun kapandang kuring di luhur bener, kuring rada hariwang bakal aya masalah anu leuwih rongkah batan anu ayeuna dipasualkeun di milis urangsunda. Anu bakal ngarasa kasigeung lain ngan saukur forum anu dijieun ku Mang Maya (?) tatapi sakumna milis lianna anu sajenis, khususna para kuncenna jeung anu ngarintisna; da ari pamilonna mah geuning lolobana mah eta-eta keneh. Sakitu heula ti sim kuring anu laif pangarti, taya pangabisa tur jauh ka bisa disebut wijaksana. Baktos Kuring KGB ----- Makarya Mawa Raharja -------------------------------------------------------------------------- Never miss a thing. Make Yahoo your homepage. Makarya Mawa Raharja ------------------------------------------------------------------------------ Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now.

