Ua Haji ulah gura giru lumpat meus-meus Kusnet, eta surelek tumanya ngeunaan 
Kusnet ge can dijawab. Aya oge kang Soni noel hungkul, pamendakna. Urang 
antosan statment ti officerna, aya kitu? 

 
Makarya Mawa Raharja



----- Original Message ----
From: H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Sunday, February 17, 2008 7:08:51 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] aing jeung sia

Jelas atuh aya dua kutub kulantaran anu dibaledogkeun teh....kata koncina eta 
demokratis.. .nyaeta nuansa pulitis anu parantos diklaim "teu kedah" undak 
unduk basa. Fakta dina domain pulitis henteu kajadian..conto Amrik sareng 
Inggris tea..dina budaya oge teu kajadian oge..komo didunya business mah. Teu 
acan oge ngadangu di Indo anu ngadep Presiden ngomong make basa anu teu make 
undak unduk (sebut wae domain pulits atawa domain budaya)..
 
Moal aya komentar lamun teu nyebat kecap demokratis. UUBS anu dipadungdengkeun 
teh sigana mah parantos nyampurkeun domain pulitik (nyebat2 demokrasi) sareng 
domain budaya. lamun ditarik ka KUSNET..aya patarosan ari KUSNET teh domain 
pulitik atanapi domain budaya. Tina sababaraha komentar parantos tetela yen 
urang teh parantos nyampurkeeun dua domain anu benten...jadi MEMANG teu 
nyambung !


 
On 2/18/08, Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: 
Samemeh mere komentar, cing jelaskeun naon anu dimaksud undak-usuk basa ku aki 
Surtiwa teh? Naha sarua jeung anu dimaksud ku kuring? Ulah asal ngong. Samakan 
persepsi dulu ceuk basa Indonesia mah. Lamun persepsina teu sarua moal 
nyambung-nyambung gunem caturna.
 





----- Original Message ----
From: H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED] com>
To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
Sent: Monday, February 18, 2008 9:17:47 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] aing jeung sia


Amrik oge gegedug demokratis.. kitu deui Inggris..tapi ar palebah undak unduk 
basa mah.nyaeta tetep wae diengineering kumaha kapentingan gaul...Mr. 
President, Her Majesty..... ....


On 2/14/08, Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: 
Potongan tina naskah Bujangg Manik:
 
Anaking, haja lancanan,
karunya ku na tohaan.
Sugan sia hamo nyaho,
tohaan geulis warangan,
 
Bihari, lamun nempo tulisan Bujangga Manik, basa nu digunakeunana téh 
démokratis, euwueh undak-usuk basa. Kiwari kecap "aing" jeung "sia", anu asli 
Sunda digolongkeun panghandapna dina undak-usuk basa. Sedengkeun kecap "kaula" 
jeung "sampéan", kecap injeuman ti basa bangsa séjén digolongkeun kana 
tingkatan leuwih luhur dina undak usuk basa Sunda, henteu démokratis.
 
Urang Sunda kiwari kabagi dua; aya anu hayang mupusti mulasara undak-usuk basa 
Sunda (UUBS), aya ogé nu kontra kana UUBS. Ngeunaan nu kontra kana UUBS, aya 
dua golongan anu anti / kontra (henteu suka) kana UUBS: anu terus-terusan maké 
basa lemes ka saha waé jeung anu terus-terusan maké basa kasar ka saha waé. Dua 
pihak ieu démokratis, henteu ngabéda-bédakeun saha anu disanghareupan.
 
Pikeun nu hayang mulasara UUBS atawa anu geus biasa jeung UUBS sarta nu kontra 
UUBS tapi maké basa lemes terus-terusan, pamakéan kecap "aing" jeung "sia" 
karasana kasar pisan.
 
Tapi pikeun nu kontra UUBS tapi ngarojong pamakéan basa kasar, kecap aing jeung 
sia dina sagala kondisi karasana biasa-biasa waé.
 
Kumaha pamakéan kecap aing jeung sia kahareupna, naha bakal balik deui jiga 
mangsa Bujangga Manik masih hirup? Waktu nu bakal ngajawab.

Aschev



Never miss a thing. Make Yahoo your homepage. 



 



Never miss a thing. Make Yahoo your homepage. 





      
____________________________________________________________________________________
Be a better friend, newshound, and 
know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.  
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ 

Kirim email ke