dulur...

keur kuring mah... enya sakuringeun. di dieu kiwari aya kasalahhartian.
ayana urangsunda, nu protes ka uubs lain manehna hayang dina basa sunda
euweuh rasa ngahormat. tapi... cek pamaca pangrasa pangdenge paningali
kuring, panyatur-non-uubs asa 'dileuleungit', asa disapirakeun ku panyatur
uubs. salila ieu aya tekanan sosial nu karasa ku maranehna dimana ngaromong
make basa nu teu lemes, malah kasar (cek panyatur uubs). maranehna sok
dianggap jalma dusun jauh ka bedug nu teu ngahakan bangku sakola. dianggap
garihal nepi ka ceuli pongpet kudu dirorek.

-- 
d-:
~karék cénah~

Kirim email ke