> dudi mulyadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Ari pungsina ngedalkeun ucap make basa kanu diajak nyarita,
> tujuannana pan supaya manehna ngarti, terus narima kana naon anu
> dipimaksud ku urang.
Satuju!, Kang Dudi. Rek dikumahakeun deui da diurang mah geus aya basa
lemes, basa loma jeung basa kasar. Ngarobahna oge perlu "revolusi
budaya" ...hehehehe. Tapi Kacontoan ku Mao Xe Dong (Mao Tse Tung) di
RRC, nu nyieun gerakan "revolusi kabudayaan" keur ngarobah masyarakat
Cina. Tapi naon hasilna? urang Cina tetep we balik deui kana budaya
aslina. Kitu deui di Turki, Kemal Attaturk hayang ngarobah sacara
radikal "kabiasaan" urang Turki, hayang siga "urang Eropa". Tapi
hasilna? Urang Turki tetep we jadi urang Turki ....
Kitu deui, urang Sunda (Priangan) rek di"revolusi" tina feodalismeu
jadi egaliter ku ngarobah basana, UUBS rek dileungitkeun. Sigana moal
bisa, tetep we balik deui. Lamun oge arek kitu, bisa ku jalan evolusi,
prosesna lila. Contona ngaliwatan pendidikan basa Sunda di sakola nu
sabenerna mah geus dilakukeun ti ayeuna keneh oge. Mangga tempo
palajaran Basa Sunda di sakola, ceuk kuring mah geus cukup egaliter.
Pan lain hartina dina ngaleungitkeun UUBS teh, terus nyokot kecap-
kecap nu dianggap paling kasar jeung dianggap paling kurang sopan.
Teu kabeh feodalismeu teh goreng. Etika cenah mimitina mucunghul tina
feodalismeu. Contona nu gampang dina tata cara dahar. Nu ngarasa
jalma "menak", daharna diusahakeun tara ceplak, tara nyeuhil
dihareupen batur, nyokotan dahareun make alat (sendok & garpu) teu
dikorowot ku leungeun. Malah urang Eropa, tata cara daharna leuwih
ruwet nu cenah mah loba nyoto "cara dahar" di Istana Perancis. Keur nu
biasa dahar make "tata cara" kieu, bisa leungit selera daharna lamun
nurutan masyarakat nu katelah egaliter pisan, nu dahareunana
ditambrukeun dina piring gede, terus daharna "dikorowotan" babarengan.
Padahal ari ceuk logika mah, naon salahna dahar sapiring bareng, terus
dikorowotan ku leungeun? Geuleuh? ...ah sarerea oge mawa kuman, euweuh
nu "bersih". Malah dahar model kieu, nunjukkeun masyarakat nu egaliter
(pisan).
Sigana tumuwuhna hiji basa oge kitu. Waktu manusa masih suku-suku,
basa nu dipake egaliter (pisan). Terus mucunghul karajaan, tumuwuh oge
budayana, kaasup etika jeung tata cara ngomong (alias tata cara
bahasa). Basa sopan (lemes), umumna aya dina unggal basa oge. Ua
Siddik nu faham basa Korea, rarasaan mah kungsi nyebatkeun di KOrea
oge aya basa lemesna. KItu deui dina Basa Jepang, Ngan memang ari Basa
Jawa mah (nu mnagaruhan Basa Sunda Priangan) rada make "TEUING" basa
lemesna, tepi ka "ripuh" nu makena.
Jadi kudu kumaha? Ari ceuk kuring mah, pan geus aya jalan kompromina,
make "BASA LOMA" nu netral, lemes henteu, kasar henteu ....
Baktos,
WALUYA