Tah...tah.. geus rek der deui ngamimitian garelut! Naaaa... urang Sunda teh 
jadi haronggasong kieu?...
Ke...ke... (bari ningali kana judul) paingan... aing jeung sia...

LAPD (Love And Piece Daaaaaaggg........)
Ning nyempodh,
ro2

>>> [EMAIL PROTECTED] 02/18/08 10:10AM >>>

Nu teu make undak usuk, demokratis, teu ngabeda-beda:

Mr. President / His Mejesty eats meat
She eats food
The dog eats meat

Nu make undak-usuk, henteu demokratis, ngabeda-beda:
Kangjeng raja tuang daging
Manehna dahar daging
Anjing itu ngahakan daging

Di dieu digunakeun kecap nu beda: tuang, dahar, ngahakan.

Ngarti henteu sih naon anu dimaksud undak-usuk basa teh?

>>> [EMAIL PROTECTED] 02/18/08 10:08AM >>>

Jelas atuh aya dua kutub kulantaran anu dibaledogkeun teh....kata koncina eta 
demokratis...nyaeta nuansa pulitis anu parantos diklaim "teu kedah" undak unduk 
basa. Fakta dina domain pulitis henteu kajadian..conto Amrik sareng Inggris 
tea..dina budaya oge teu kajadian oge..komo didunya business mah. Teu acan oge 
ngadangu di Indo anu ngadep Presiden ngomong make basa anu teu make undak unduk 
(sebut wae domain pulits atawa domain budaya)..

Moal aya komentar lamun teu nyebat kecap demokratis. UUBS anu dipadungdengkeun 
teh sigana mah parantos nyampurkeun domain pulitik (nyebat2 demokrasi) sareng 
domain budaya. lamun ditarik ka KUSNET..aya patarosan ari KUSNET teh domain 
pulitik atanapi domain budaya. Tina sababaraha komentar parantos tetela yen 
urang teh parantos nyampurkeeun dua domain anu benten...jadi MEMANG teu 
nyambung !

Kirim email ke