Bisa jadi, Agum ngarupakeun calon anu paling optimis pilkada Jabar ieu. Sabab, mun ninggali tingkat popularitas versi LSI, manehna paling punjul. Ngelehkeun artis Dede Yusuf, jeung --komo deui--calon incumbent, Dani Setiawan. Sigana pilihan eta oge anu ngadasarkeun artis Dede Yusuf milih koalisi jeung PKS. Saperti anu geus katinggali, PKS ngarupakeun partei anu militansina kuat. Ku bekel popularitas jeung militansi, pasangan Hade memang bisa jadi "kuda hitam" anu kudu diwaspadaan. Tapi dua calon eta, duka poho, duka geus apal, mun anu disinghareupana teh incumbent plus mantan tangtara. Koalisi anu kuat di tingat mobilisasi jeung organisasi. Komo deui, Dani, anu didukung ku Golkar jeung Iwan ku Demokrat,kaduana gede pisan kapentingan jang ngameunangkeun Pilgub Jabar. Hal ieu dumasar kana sababaraha analisis: 1. Saha bae anu ngameunangkeun Pilgub Jabar, bakal kasaur ku calon presiden tahun 2009. Tah pasangan "Da'I" tangtu kudu meunang, sabab ngarupakeun partei pamarentah anu katinggalina, boh SBY atawa JK, bakal maju deui di tahun 2009 (sok sanajan konfigurasina teuing kumaha). 2. Salaku daerah anu rapet pisan jeung ibu kota, Jabar penting pisan "dikuasai" khususna jang pulitik media. Sahingga isu Jabar bisa jadi isu nasional. 3. engke ditambahan.....hehe
Prediksi kuring, sok sanajan pasangan Aman jeung Hade mibanda daya popularitas anu lumayan, tapi ceuk kuring mah can cukup bisa ngajadikeun modal jang meunangkeun tarung Pilgub. Militansi PKS anu bakal jadi andelan Pasangan Hade jeung warga Muhammadiyah, anu jadi basis tradisional PAN, can tangtu cukup waktu 'ngarayu' warga Jabar anu sakitu lobana. Urang kudu ninggali yen warga Jabar beda pisan jeung Jakarta, boh tina komposisi atawa jaringan afiliasi pulitikna. Jadi mun pasangan Hade hayang meunang, gawena beurat pisan. Aman memang ngabogaan potensi gede. Agum anu populer bari didukung ku partei Mega jeung Nu'man anu P3, sigana hayang ngabalikkeun romantika pasangan Mega-Hamzah basa jadi presiden. Tapi tong salah, basis massa tradisional PPP can tangtu ngadukung koalisi ieu. Hal sarupa oge bisa lumaku di basis tradisional PDIP anu ayeuna ngamajukeun Agum. Komo deui, samemehna, PDIP Jabar geus ngampanyeukeun calon lain. Naha aya jaminan patei anu geus ngabogaan calon sorangan bisa konsisten nalika pilihan pulitikna diintervensi pusat, ku sabab atas nama popularitas jeung kameunangan? Dina hal ieu, ceuk kuring pasangan Da'I kuat pisan. Jaringan birokrasi (Da'i) jeung Tangtara (Iwan) bakal ngamaeunkeun peranan anu gede pisan dina ngadongkrak ieu pasangan. Ayeuna mun ninggali naon investasi anu dipiboga ku tilu pasangan eta. tangtu Da'i leuwih punjul. Sabab Agum--sok sanajan Urang Sunda--can pernah katinggali ketakna keur US. Basa Suryadi Sudirja ngahirupkeun Miss Tjitjih di Jakarta, Agum malah ngarojong Srimulat. (Lain teu meunang ngarojong Srimulat, tapi rojong oge atuh miss Tjitjih). Terus mun balik deui ka jaman kampanyeu Presiden, Agum ngarupakeun calon wapres. Ieu nunjukkeun kumaha pragmatisna Agum jeung saha anu jadi dalang manehna. Pasangan Hade tangtu kudu ditinggali deui. Komo deui Dede Yusuf. Artis anu geus cukup kawentar tur salaku model iklan ieu, can pernah kanyahoan boga investasi pulitik di Jabar. *** Tulisan ieu memang teu bisa kaluar tina tendensi ngadukung hiji calon. Tapi paninggalina dicoba tetep obyektif jeung teu niat manggaruhanan saha bae anu maca. Bilih bade Golput --saperti ajakan Kang Agus--, mangga. Bilih bade ngadukung Hade, oge mangga, sabab pasangan eta nendeun potensi. Bilih bade Aman, nya kuma dinya. Da sami bae. hahaha Baktos Tantan --analisis sabalangbentor---

