Kang Tantan mah ningali tina aspek saha nu bakal
meunang pilkada. Sok sanajan hal ieu teh kawilang
penting, ceuk si kuring mah, perlu oge warga
masyarakat JABAR, dibere "pencerahan", gambaran lamun
para calon eta jadi gupernur, naon anu rek dilakukeun,
naon program-programna, naon pangalamanana atawa
prestasina. Ku ayana "pencerahan" siga kieu teh,
masyarakat pamilih jadi dewasa, jeung yakin kana
pilihanana, sarta heunteu "gimir" ku iming-iming duit
atawa teror/ancaman.
Contona kieu, lamun hayang aya "pembaharuan", pasti
kudu milih HADE, atawa AMAN. Lamun hayang teu loba
parobahan jeung pangalaman dina perkara birokrasi,
kudu milih Da'i.
Tapi masalahna,sacara umum, naon sih prestasi Da'i,
nepi ka kudu dipilih deui? Naon jaminanana lamun HADE
mingpin Jawa Barat? Naon Prestasina, nepi ka wani
nyalonkeun maneh? Naha aya jaminan pangalaman jadi
menteri jeung cawapres, bisa mingpin jeung
nyejahterakeun masyarakat Jabar?
Dina perkara pilkada ieu, ceuk kuring mah, teu pati
saheh upama kudu ngaitkeun, atawa ningali parpol anu
ngadukung para calon. Naon sababna? Sabab fungsi jeung
tugas gupernur dina era reformasi beda jeung Presiden
atawa Bupati. (sok tingali geura naon tugasna
presiden, gupernur jeung bupati dina UU atawa aturan
sejenna).
Rahayat ayeuna geus palalinter, teu bisa
disingsieunan, diatur-atur sina milih saha, mun salah
pilih bisa asup naraka jahanam.
Jadi ceuk si kuring mah, pilkada gupernur ieu, figur
jalmana anu boga pangaruh gede rahayat rek milih saha.
baktos,
mrachmat uidipura
keur ngadagoan "panggero" ti DA'I, HADE, jeung AMAN
--- tantanhermansah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Bisa jadi, Agum ngarupakeun calon anu paling optimis
> pilkada Jabar
> ieu. Sabab, mun ninggali tingkat popularitas versi
> LSI, manehna paling
> punjul. Ngelehkeun artis Dede Yusuf, jeung --komo
> deui--calon
> incumbent, Dani Setiawan.
> Sigana pilihan eta oge anu ngadasarkeun artis Dede
> Yusuf milih koalisi
> jeung PKS.
____________________________________________________________________________________
Looking for last minute shopping deals?
Find them fast with Yahoo! Search.
http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping