Hehe..Kang Rahmat, Kang Bohay, Aya prediksi jiga kumaha mun ieu pasangan (saha tur nu mana bae) naek. Tapi engke itu hiji-hiji....mikir deui...hahaha
On 2/26/08, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Kang Tantan mah ningali tina aspek saha nu bakal > meunang pilkada. Sok sanajan hal ieu teh kawilang > penting, ceuk si kuring mah, perlu oge warga > masyarakat JABAR, dibere "pencerahan", gambaran lamun > para calon eta jadi gupernur, naon anu rek dilakukeun, > naon program-programna, naon pangalamanana atawa > prestasina. Ku ayana "pencerahan" siga kieu teh, > masyarakat pamilih jadi dewasa, jeung yakin kana > pilihanana, sarta heunteu "gimir" ku iming-iming duit > atawa teror/ancaman. > > Contona kieu, lamun hayang aya "pembaharuan", pasti > kudu milih HADE, atawa AMAN. Lamun hayang teu loba > parobahan jeung pangalaman dina perkara birokrasi, > kudu milih Da'i. > Tapi masalahna,sacara umum, naon sih prestasi Da'i, > nepi ka kudu dipilih deui? Naon jaminanana lamun HADE > mingpin Jawa Barat? Naon Prestasina, nepi ka wani > nyalonkeun maneh? Naha aya jaminan pangalaman jadi > menteri jeung cawapres, bisa mingpin jeung > nyejahterakeun masyarakat Jabar? > > Dina perkara pilkada ieu, ceuk kuring mah, teu pati > saheh upama kudu ngaitkeun, atawa ningali parpol anu > ngadukung para calon. Naon sababna? Sabab fungsi jeung > tugas gupernur dina era reformasi beda jeung Presiden > atawa Bupati. (sok tingali geura naon tugasna > presiden, gupernur jeung bupati dina UU atawa aturan > sejenna). > Rahayat ayeuna geus palalinter, teu bisa > disingsieunan, diatur-atur sina milih saha, mun salah > pilih bisa asup naraka jahanam. > Jadi ceuk si kuring mah, pilkada gupernur ieu, figur > jalmana anu boga pangaruh gede rahayat rek milih saha. > > baktos, > > mrachmat uidipura > keur ngadagoan "panggero" ti DA'I, HADE, jeung AMAN > > --- tantanhermansah <[EMAIL PROTECTED] <sariak.layung%40gmail.com>> > wrote: > > > Bisa jadi, Agum ngarupakeun calon anu paling optimis > > pilkada Jabar > > ieu. Sabab, mun ninggali tingkat popularitas versi > > LSI, manehna paling > > punjul. Ngelehkeun artis Dede Yusuf, jeung --komo > > deui--calon > > incumbent, Dani Setiawan. > > Sigana pilihan eta oge anu ngadasarkeun artis Dede > > Yusuf milih koalisi > > jeung PKS. > > __________________________________________________________ > Looking for last minute shopping deals? > Find them fast with Yahoo! Search. > http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping > > -- tantan hermansah www.tantanhermansah.co.nr "jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!" --siliwangi--

