> From: Dadi Kurniadi > Sabab mun urang muka www.salafy.co.id (web na salafy), teu aya nu > nyinggung-nyinggung partey, bahkan anti partey, anti politik. Bahkan aya > artikel nu > kudu toat ka pamarentah satempat sagala.
Anti partey, lain hartina "teu beuki" kakawasaan. Salafy anu nginduk ka Arab Saudi atawa nagara-nagara teluk sejenna, jelas anti partey, da ngadukung karajaan-karajaan absolut di nagara-nagara teluk. Di nagara-nagara eta nu kawasa ngan raja jeung kulawargana jeung didukung ku kaum ulama. Ulama nu teu ngadukung "lalumpatan" ka nagara-nagara Barat menta suaka pulitik. Di Arab Saudi rakyat biasa hirup "sapamerean" kulawarga raja. Hasil tina kakayaan alam (minyak) 2/3 keur rakyat, 1/3 deui keur Raja jeung kulawargana. Arab Saudi hartina : Tanah Arab bogana kulawarga Saud, sabab Saud nu "ngamerdekakeun Arab Saudi ti kekhalifahan Turki, manehna ngahiji jeung para ulama aliran Wahaby (aliran Salafy nu paling heuras) dibantuan Inggris dina ngalawan Kekhalifiahan Turki. Saud pendiri Arab Saudi nyieun perjanjian jeung Ulama Aliran Wahaby, yen nagara nu dijieun make aliran Wahaby. Arab Saudi jelas anti Kekhalifahan, lamun teu salah Hizibut Tahrir teu meunang aya di Arab Saudi! (oge di nagara-nagara teluk sejenna). Aliran salafy-Wahaby asup ka Indonesia (Hindia Walanda) di abad ka 18-19. Kajadian Perang Paderi (Imam Bonjol) di Sumatera Barat akibat pengikut Aliran ieu bentrok jeung kaum Adat urang Minang. Urang Minang nu Wahaby hayang ngomean mental masyarakat urang Minang nu ceuk pandangan Wahaby geus kaluar ti aturan Islam. Kaum Adat teu narima, ditambah deuih dina ngalaksanakeunana kaum Wahaby ieu telenges pisan, kaum adat dibantai kaasup kulawarga istana Pagar ruyung (Karajaan di Minang). Kaum Adat jeung "para menak Minang" kateter nu akhirna menta bantuan walanda. Akibatna Walanda asup ka tanah Minang, nu ngakibatkeun Tanah Minang akhirna kabeh dijajah Walanda. Imam Bonjol ku pamarentah Indonesia diangkat jadi Pahlawan Nasional. Tapi urang Batak Muslim teu narima, sabab pasukan Iman Bonjol salian ti telenges ka urang Minangna sorangan, oge kungsi ngabantai urang Batak Muslim. Kontroversi "Pahlawan Nasional" Imam Bonjol ieu, kungsi jadi perdebatan antara HAMKA (Minang) jeung tokoh Batak Islam (hilap deui aranna mah) di taun 1960'an. Malah taun kamari jadi artikel dina koran Kompas. Sajarah henteu hideung-bodas: ieu bener, itu salah, tapi abu-abu ...... Baktos, WALUYA [Pangaresepna macaan buku sajarah]

