Ngiringan...

2008/3/27 waluya56:

>    WLY : Survey LSI di propinsi Jabar, lain ka etnik Sunda. Nu disebut
> Sunda teh kaasup Banten jeung bagaen kulon-kidul Jawa Tengah.
> Sedengkeun masyarakat Jabar geus campur (sigana pangcampurna di
> Indonesia mah). Komo nu jadi birokratna mah, campur pisan. Bupati
> wae aya sababaraha urang nu lain etnik Sunda atawa nu teu
> kapangaruhan budaya Sunda.
>








Leres pisan, Bah... iwal mun eces dina eta survey oge diitung faktor kasang
tukang bangsana (urang Sunda atawa lain). Lajeng, aya deui faktor sejen anu
kudu diawaskeun, nyaeta masalah tingkat persaingan. Kaayaan Jabar sacara
umum anu geus ti bihari mula jadi pangjugjugan jalma nu ngumbara ti sakuliah
nagara, tangtu ngabalukarkeun luhurna tingkat persaingan. Tah, tingkat
persaingan anu luhur ieu meureun antukna micu nerekabna adat sugak-sogok.
Tapi ketang, kuring pribadi ge ni gereget ka pamarentahan Jabar teh...
euweuh gebrag-gebrigna...


> WLY: Ieu nu nyababkeun urang sunda salawasna dina kaayaan "ngabdi" ka
> dunungan. Tapi sanajan kitu, tetep aya urang Sunda, sanajan "ngabdi"
> oge "ngabdina" alus: "Walanda" sugema, rakyatna oge sugema.
>




Teu sapuk, Bah... nu sugema mah lain Walanda jeung rahayat, tapi Walanda
jeung para Menak/Priyayi. Rahayat mah pejet we nu aya.


> Perkara Diponegoro jeung Juanda? ah eta mah gampang, Buku palajaran
> sajarah di SD/SMP/SMA mangkaca-kaca (malah aya nu sa-Bab) ngabahas
> khusus soal Perang Diponegoro, ari perkara Juanda mah ukur sa-alinea
> atawa paling loba oge 2-3 alinea. Nya pantes we arapal oge ka
> Pangeran Diponegoro. Tong boro urang Jawa, dalah kuring oge masih
> inget.
>







Satujuuuh... Hal ieu patali jeung masih dominanna imej kapunjulan militer
dina alam perjuangan. Padahal, perjuangan dina widang diplomatik jeung
sabangsana ge teu eleh penting.

-- 
sikandar
su.wikipedia.org
www.urang-sunda.or.id

Kirim email ke