muhun bah, nu permisip teh lain urang sunda wae, kabeh urang indonesia
jigana mah. aya pipikiran ngeunaan mucunghulna urang sunda nu panglobana nu
permisip kana pulitik uang dina survey lsi teh boa kasalahan lirik lagu doel
sumbang... kang doel ngucap "si kabayan urang sunda, urang sunda lain si
kabayan". padahal nu benerna mah "si kabayan urang sunda, urang sunda ge si
kabayan"... nu polos bolostrong-na tea...

aya tambahan ngeunana kunaon sipat eta mucunghul...kateupedean kusabab loba
beja kudu kitu ditambah kurangna informasi

On Fri, Mar 28, 2008 at 9:22 AM, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   > "dudi herlianto" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > conto kasus lamun kuring mulang ka lembur sok aya
> > wae nu nanya, seep sabaraha dugi ka bisa damel di tempat kuli
> > kuring ayeuna.. duka di lembur sejen
>
> Kang D, tah lamun eta kuring "ngaheueuhkeun". Tapi kunaon mucunghul
> sifat kieu? Asalna tina KATEUPERCAYAAN kana sistem. Saperti disebut
> ku Dang Kumi, daerah Jabar teh pangdeukeutna ka Jakarta, sayangna
> nepotismeu. Tangtu urang sunda oge loba nu ngadu nasib di JKT,
> bubuhan daerah pangdeukeutna. Tapi JKT geus campur, jeung geus jadi
> rahasia umum, lamun aya hiji bagian ti kantor pamarentah kapalana ti
> etnik X, kahandapna oge ampir kabeh etnik X. Geus puguh ari di
> swasta mah. Akibatna mucunghul sikep sagala TEU PERCAYA, sagalana
> kudu make duit!
>
> Di Bandung, di pabrik tinun, sanajan pausahaan swasta boga Tionghwa,
> geus ilahar lamun hayang digawe di pabrik eta, kudu nyogok heula ka
> bagian personalia eta pabrik (nu umumna lain ti etnik Sunda tapi
> dulur urang ti wetan). Tong ngaharepkeun bisa digawe di pabrik
> tinun, lamun teu nyogok.
>
> Naha urang Sunda nganggap ilahar kana nyogok? Ah sigana mah henteu,
> da loba kecap-kecap sindir sampir ti urang sunda nu nunjukkeun YEN
> SABENERNA teu satuju kana kalakuan ieu teh.
> contona:
> 1. kudu make LEULEUEUR lamun hayang lancar,
> 2. 3D (Dulur, Deukeut, Duit) ......
>
> Aya deui nu terang kecap-kecap sindir sampir model kieu?
>
> Baktos,
> WALUYA
>



-- 
d-:
~karék cénah~

Kirim email ke