> "dudi herlianto" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> conto kasus lamun kuring mulang ka lembur sok aya
> wae nu nanya, seep sabaraha dugi ka bisa damel di tempat kuli 
> kuring ayeuna.. duka di lembur sejen

Kang D, tah lamun eta kuring "ngaheueuhkeun". Tapi kunaon mucunghul 
sifat kieu? Asalna tina KATEUPERCAYAAN kana sistem. Saperti disebut 
ku Dang Kumi, daerah Jabar teh pangdeukeutna ka Jakarta, sayangna 
nepotismeu. Tangtu urang sunda oge loba nu ngadu nasib di JKT, 
bubuhan daerah pangdeukeutna. Tapi JKT geus campur, jeung geus jadi 
rahasia umum, lamun aya hiji bagian ti kantor pamarentah kapalana ti 
etnik X, kahandapna oge ampir kabeh etnik X. Geus puguh ari di 
swasta mah. Akibatna mucunghul sikep sagala TEU PERCAYA, sagalana 
kudu make duit!

Di Bandung, di pabrik tinun, sanajan pausahaan swasta boga Tionghwa, 
geus ilahar lamun hayang digawe di pabrik eta, kudu nyogok heula ka 
bagian personalia eta pabrik (nu umumna lain ti etnik Sunda tapi 
dulur urang ti wetan). Tong ngaharepkeun bisa digawe di pabrik 
tinun, lamun teu nyogok.

Naha urang Sunda nganggap ilahar kana nyogok? Ah sigana mah henteu, 
da loba kecap-kecap sindir sampir ti urang sunda nu nunjukkeun YEN 
SABENERNA teu satuju kana kalakuan ieu teh. 
contona:
1. kudu make LEULEUEUR lamun hayang lancar, 
2. 3D (Dulur, Deukeut, Duit) ......

Aya deui nu terang kecap-kecap sindir sampir model kieu?

Baktos,
WALUYA
 








 

Kirim email ke