ngiluuuu... --- bah WLY : Survey LSI di propinsi Jabar, lain ka etnik Sunda. Nu disebut Sunda teh kaasup Banten jeung bagaen kulon-kidul Jawa Tengah.Sedengkeunmasyarakat Jabar geus campur (sigana pangcampurna di Indonesia mah). Komo nu jadi birokratna mah, campur pisan. Bupatiwae aya sababaraha urang nu lain etnik Sunda atawa nu teu kapangaruhan budaya Sunda.
Dang kumi: Leres pisan, Bah... iwal mun eces dina eta survey oge diitung faktor kasang tukang bangsana (urang Sunda atawa lain). Lajeng, aya deui faktor sejen anu kudu diawaskeun, nyaeta masalah tingkat persaingan. Kaayaan Jabar sacara umum anu geus ti bihari mula jadi pangjugjugan jalma nu ngumbara ti sakuliah nagara, tangtu ngabalukarkeun luhurna tingkat persaingan. Tah, tingkat persaingan anu luhur ieu meureun antukna micu nerekabna adat sugak-sogok. Tapi ketang, kuring pribadi ge ni gereget ka pamarentahan Jabar teh... euweuh gebrag-gebrigna... d: kuring sababaraha kali ngilu ngasupkeun data LSI. kasang tukang seler responden memang ditanyakeun. ngan memang dina eta warta aya kasalahan gede dina ngadudut kacindekan (narik kasimpulan).... teuing iman suhirman teuing andrian fawzy. ngan nu eces ngagunakeun leuleueur (salah sahiji tina pulitik duit, sugan) geus dianggap lain pagawean nu salah, saheunteuna di lembur kuring nu 99% urang sunda. conto kasus lamun kuring mulang ka lembur sok aya wae nu nanya, seep sabaraha dugi ka bisa damel di tempat kuli kuring ayeuna.. duka di lembur sejen -- d-: ~karék cénah~ Survey LSI: Etnis Sunda Paling Permisif Politik Uang Andrian Fauzi - detikBandung Bandung - Dibandingkan dengan daerah lainnya di Indonesia, sikap permisif warga Jabar khususnya sunda paling tinggi terhadap politik uang. Peneliti Lembaga Survey Indonesia (LSI), Iman Suhirman, mengungkapkan berdasarkan hasil survey di beberapa daerah di Indonesia, tingkat toleransi politik uang di Jabar tertinggi. "Untuk daerah yang lain sikap permisif terhadap politik uang masih di bawah 50 persen, sekitar 24 persen hingga 30 persen. Nah Jabar menarik karena di atas 50 persen yaitu mencapai 51,8 persen," ujar Iman saat mengumumkan hasil survey yang dilakukan Lembaga Survey Indonesia (LSI) memgenai perilaku politik masyarakat Jabar di Hotel Mitra, Jalan Supratman, Selasa (25/3/2008). . Sementara itu pada kesempatan yang sama, Pakar Antropologi Unpad Budi Rajab menyatakan selain secara historis, meski Jawa Tengah dan Jawa Timur mengenal kepemimpinan raja, namun tidak mengenal sistem tuan tanah. "Hal ini berbeda dengan sunda. Di sunda dikenal penguasa tanah sehingga ini mempengaruhi sikap politik mereka. Dengan adanya sistem tuan tanah, birokrasinya lebih panjang. Sehingga politik uang sangat kental," tutur Budi. Lebih lanjut Budi menambahkan sejauh pengetahuannya, pemimpin sunda tidak bisa mengangkat orang sunda sendiri. "Ketika orang jawa ditanya tentang Pangeran Diponegoro, mereka akan menjawab secara detail. Namun orang sunda ditanya tentang Juanda, mereka tahunya hanya taman hutan raya. Tidak tahu bagaimana perjuangan Juanda agar Indonesia merdeka," pungkasnya. * ( ern / ern )

