sok aya istilah korban mode. Mode teh bagian ti desain. Pihak industri bin
kapitalis memang geus manggih jurus jetu pikeun naekeun produksi jeung
penjualan.

Salah salima carana, ngaliwatan desain. ngahaja nyiapkeun produk ku cara
dina waktu sababaraha taun katenjona out of date alias tinggaleun
jaman-sabab aya na anyar nu desaina leuwih trend ditambah teknologi
saeutik.. Nu mimitian dina widang mobil, desainer general motor (duka ford,
poho deui ngarana, elliot noys kitulah, nyieun desain mobil bari geus
nyiapkeun desain taun nu bakal datang.  Istilahna pembusukan produk. Urang
diolo ku iklan, jsb sangkan meuli nu anyar, jeung dijieun pola atawa citra
nu tren teh nu anyar. Nu teu boga jadi katinggaleun jaman. Dibibita, diolo,
jsb. 

 

Diturutan ku jepang. Jepang leuwih jagoan dina widang eta. Desain mobil
gantina leuwih cepet tibatan amrik. Hargana oge variasi, gumantung kana
kalengkepan sakadang mobil. Nu make ac jeung henteu, aya tip atawa henteu,
nu make steering power, jsb. Mobil eropa nu sarba lengkep jeung ditargetkeun
umur desaina leuwih lila (da tadina mah prinsip produksi eropa teh pikeun
pakakas hirup, jadi kudu kuat  jeung kapake salilana) jadi eleh da modelna
tinggaleun jaman pisan.. kaayanakeun industri mobil eropa niru pulitik
dagang amrik jeung jepang. Nyieun dina sababaraha seri, sababaraha tahun
modelna ganti/robah. 

 

Basa si andiw ka canberra, manehna heran, didinya mah kalolobana marake hp
teh nu model kamari, alias nu geus jarang dipasar, mun dibandingkeun di
urang. Hehe. Sabab maranehna mah meuli barang keur pakeeun mun bisa saumur
hirup, lain jang gaya hidup atawa gagayaan.

 

Cara kitu beuki ngalobaan, da urang marketing research mah palinter. Desain
produkna didiversifikasi dumasar umur, gender, kelir, nagara, jeung
sajabana. Jadi aya hp jang barudak, jang abg, jang kolot, jang pajabat
(nokia communicator kalolobana dipake ku pajabat cenah). Aya nu ditambahan,
musik, moto, video, jsb. Terus neangan celah piduiteun, aya penyedia content
nu make kode kirim ka .artis, lagu, ringtone, ramalan, jsb. Nu cerdas mah
meulina teh saperluna. Cara komputer ayeuna, procesor nu centrino duo, jsb,
padahal ngan ukur dipake ngetik wungkul mah atuh nu standar we. Hehe. Tapi
keukeuh we hayang nu anyar nu canggih. Teu kuat kagoda ku produk anyar.

 

Ayeuna loba nu boga hp dua, nu hiji gsm nu giji cdma. Katempona teh asa
riweuh. Siga tangtara keur perang, aya bedil panjang, aya pestol, balati,
granat, Heuheu punten kanu gaduh hp dua tilu. Haha.

Kirim email ke