Abdi mah percanten kaasupa bdi yen mayarakat Indo lepel rolling class 95% Kormod..........
On 4/2/08, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > sok aya istilah korban mode. Mode teh bagian ti desain. Pihak industri bin > kapitalis memang geus manggih jurus jetu pikeun naekeun produksi jeung > penjualan. > > Salah salima carana, ngaliwatan desain. ngahaja nyiapkeun produk ku cara > dina waktu sababaraha taun katenjona out of date alias tinggaleun > jaman-sabab aya na anyar nu desaina leuwih trend ditambah teknologi > saeutik.. Nu mimitian dina widang mobil, desainer general motor (duka ford, > poho deui ngarana, elliot noys kitulah, nyieun desain mobil bari geus > nyiapkeun desain taun nu bakal datang. Istilahna pembusukan produk. Urang > diolo ku iklan, jsb sangkan meuli nu anyar, jeung dijieun pola atawa citra > nu tren teh nu anyar. Nu teu boga jadi katinggaleun jaman. Dibibita, diolo, > jsb. > > > > Diturutan ku jepang. Jepang leuwih jagoan dina widang eta. Desain mobil > gantina leuwih cepet tibatan amrik. Hargana oge variasi, gumantung kana > kalengkepan sakadang mobil. Nu make ac jeung henteu, aya tip atawa henteu, > nu make steering power, jsb. Mobil eropa nu sarba lengkep jeung ditargetkeun > umur desaina leuwih lila (da tadina mah prinsip produksi eropa teh pikeun > pakakas hirup, jadi kudu kuat jeung kapake salilana) jadi eleh da modelna > tinggaleun jaman pisan.. kaayanakeun industri mobil eropa niru pulitik > dagang amrik jeung jepang. Nyieun dina sababaraha seri, sababaraha tahun > modelna ganti/robah. > > > > Basa si andiw ka canberra, manehna heran, didinya mah kalolobana marake hp > teh nu model kamari, alias nu geus jarang dipasar, mun dibandingkeun di > urang. Hehe. Sabab maranehna mah meuli barang keur pakeeun mun bisa saumur > hirup, lain jang gaya hidup atawa gagayaan. > > > > Cara kitu beuki ngalobaan, da urang marketing research mah palinter. > Desain produkna didiversifikasi dumasar umur, gender, kelir, nagara, jeung > sajabana. Jadi aya hp jang barudak, jang abg, jang kolot, jang pajabat > (nokia communicator kalolobana dipake ku pajabat cenah). Aya nu ditambahan, > musik, moto, video, jsb. Terus neangan celah piduiteun, aya penyedia content > nu make kode kirim ka …artis, lagu, ringtone, ramalan, jsb. Nu cerdas mah > meulina teh saperluna. Cara komputer ayeuna, procesor nu centrino duo, jsb, > padahal ngan ukur dipake ngetik wungkul mah atuh nu standar we. Hehe. Tapi > keukeuh we hayang nu anyar nu canggih. Teu kuat kagoda ku produk anyar. > > > > Ayeuna loba nu boga hp dua, nu hiji gsm nu giji cdma. Katempona teh asa > riweuh. Siga tangtara keur perang, aya bedil panjang, aya pestol, balati, > granat, Heuheu punten kanu gaduh hp dua tilu. Haha. > > >

