cek prof.jakob sumardjo mah patali jeung watek bangsana. majapahit, mataram,
sriwijaya mah cenah agresor atawa bangsa penakluk. sunda mah henteu jeung
lain. beda.  bisa jadi jadi bangsa penakluk atawa agresor eta alatan ngarasa
kakurangan di lemburna sorangan- kaasup kakuarangan wilayah kakausaan. atawa
aya motivasi sejen cara kolonialisasi baheula. bule mah cenah baheula make
jurus 3G tea, gospel, glory jeung gold. aya dorongan pikeun neangan
kakayaan, nyebarkeun agama, jeung dina raraga kajayaan karajaanana.

tapi kasus majapahit nu cenah nguasa leuwih ti indonesia ayeuna (nusantara)
ngan ukur mitos. maksudna teu sagede saperti nu dibayangkeun atawa
dicaritakeun dina buku sajarah. bisa jadi alatan loba nu nabeuhna, jadi siga
gede enya. digede-gede, pikeun ngurangan peran jeung pangaruh walanda nu
sabenerna mah si eta pisan nu ngahijikeun wilayah nusantara.  sangkan urang
sanusantara boga kayakinan yen baheula indonesia teh geus kungsi ngahiji.

dina ayana beungkeutan jaman pra walanda, di tatar sunda cenah, modelna
federal,  di unggal daerah (ayeuna kelas kabupaten) cenah mah masing2, tapi
nginduk ka pajajaran, da ongkoh masih aya kakait babarayaan. bisa jadi ieu
politik jawa pikeun justifikasi dominasi urang jawa ka indonesia. kumaha
cara noongna we. hehe.
tapi meureun eu mah, di hiji nagara nu heterogen, bisa jadi kudu aya
bangsa/etnik nu dominan pikeun ngajaga nagara tetep ngahiji. cara di inggris
raya (united kingkong eh kingdom (nu ngawengku tilu bangsa, inggris,
irlandia, skotlandia). dominasi bangsa inggrisna (england) jadi konci
inggris raya kuat. dina film aya carita pemberontakan urang irlandia dibantu
skotlandia (film Patriot), tapi bisa dipareuman ku pusat (england) nu memang
kuat.

jaman islam oge kitu. turunan karajaan demak bisa jadi raja di cirebon atawa
banten, tapi teu mangrupa  nguasa atawa membawahi, tapi ngan ku patali
baraya. ongkoh demak harita kuat. cara jaman samemehna di tatar sunda. di
sabudeureun pajajaran, aya karajaan2 leutik, sok aya kawin antara katurunan
pajajaran jeung galuh atawa karajaan sejenna.

model kitu ayeuna masih aya-menak jeung menak. kulawarga karajaan kawin
jeung kulawarga karajaan sejen, meureun pikeun ngajaga kelas sosial menak.
ratu beatrix di walanda asana, kawina jeung ningrat jerman (klaus), oge ratu
denmark, jeung ningrat perancis (hendri).





On Fri, Apr 4, 2008 at 11:09 AM, netta fahad <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   Upami urang nengetan Sajarah Karajaan - Karajaan Pasundan, ti mimiti
> Karajaan Tarumanagara, Pasundan, Galuh - Pakuan, tepi ka Sumedang Larang.
> Teu aya hiji Oge nu Kabejakeun yen Karajaan - karajaan eta pernah
> ngalakukeun agresi atawa Invasi Ka Karajaan batur.
> Beda sareng Majapahit, Mataram atawa Sriwijaya di Sumatra.
> Naha bet bisa kitu???Pasti rea alasanana. Meureun karajaan Sunda mah geus
> ngarasa cukup atawa sejahtera ku ngolah nagara sorangan, teu kudu ngalegaan
> kakawasaan tepi ka Karajaan sejen. Nu aya, Karajaan sejen nu hayang ngawasa
> karajaan Sunda da ningali wilayahna nu lumayan lega oge strategis.
>
> Tapi duka teuing ketang he he he. Da abdi mah teu pernah hirup di Jaman
> Karajaan Sunda.
>
> ------------------------------
> You rock. That's why Blockbuster's offering you one month of Blockbuster
> Total 
> Access<http://us.rd.yahoo.com/evt=47523/*http://tc.deals.yahoo.com/tc/blockbuster/text5.com>,
> No Cost.
> 
>



-- 
geocities.com/mangjamal
mangjamal.multiply.com

Kirim email ke