Satuju pisan, kebesaran majapahit ngan saukur mitos. Lamun bener kakuasaan majapahit siga anu digembar-gemborkeun, pastina paninggalan budaya majapahit aya di mana-mana di saantero nusantara.
Sent from my BlackBerry® wireless device from XL GPRS network -----Original Message----- From: mj <[EMAIL PROTECTED]> Date: Fri, 4 Apr 2008 12:57:46 To:[email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] Satu Fakta lagi Tentang Karajaan Sunda cek prof.jakob sumardjo mah patali jeung watek bangsana. majapahit, mataram, sriwijaya mah cenah agresor atawa bangsa penakluk. sunda mah henteu jeung lain. beda. bisa jadi jadi bangsa penakluk atawa agresor eta alatan ngarasa kakurangan di lemburna sorangan- kaasup kakuarangan wilayah kakausaan. atawa aya motivasi sejen cara kolonialisasi baheula. bule mah cenah baheula make jurus 3G tea, gospel, glory jeung gold. aya dorongan pikeun neangan kakayaan, nyebarkeun agama, jeung dina raraga kajayaan karajaanana. tapi kasus majapahit nu cenah nguasa leuwih ti indonesia ayeuna (nusantara) ngan ukur mitos. maksudna teu sagede saperti nu dibayangkeun atawa dicaritakeun dina buku sajarah. bisa jadi alatan loba nu nabeuhna, jadi siga gede enya. digede-gede, pikeun ngurangan peran jeung pangaruh walanda nu sabenerna mah si eta pisan nu ngahijikeun wilayah nusantara. sangkan urang sanusantara boga kayakinan yen baheula indonesia teh geus kungsi ngahiji. dina ayana beungkeutan jaman pra walanda, di tatar sunda cenah, modelna federal, di unggal daerah (ayeuna kelas kabupaten) cenah mah masing2, tapi nginduk ka pajajaran, da ongkoh masih aya kakait babarayaan. bisa jadi ieu politik jawa pikeun justifikasi dominasi urang jawa ka indonesia. kumaha cara noongna we. hehe. tapi meureun eu mah, di hiji nagara nu heterogen, bisa jadi kudu aya bangsa/etnik nu dominan pikeun ngajaga nagara tetep ngahiji. cara di inggris raya (united kingkong eh kingdom (nu ngawengku tilu bangsa, inggris, irlandia, skotlandia). dominasi bangsa inggrisna (england) jadi konci inggris raya kuat. dina film aya carita pemberontakan urang irlandia dibantu skotlandia (film Patriot), tapi bisa dipareuman ku pusat (england) nu memang kuat. jaman islam oge kitu. turunan karajaan demak bisa jadi raja di cirebon atawa banten, tapi teu mangrupa nguasa atawa membawahi, tapi ngan ku patali baraya. ongkoh demak harita kuat. cara jaman samemehna di tatar sunda. di sabudeureun pajajaran, aya karajaan2 leutik, sok aya kawin antara katurunan pajajaran jeung galuh atawa karajaan sejenna. model kitu ayeuna masih aya-menak jeung menak. kulawarga karajaan kawin jeung kulawarga karajaan sejen, meureun pikeun ngajaga kelas sosial menak. ratu beatrix di walanda asana, kawina jeung ningrat jerman (klaus), oge ratu denmark, jeung ningrat perancis (hendri). On Fri, Apr 4, 2008 at 11:09 AM, netta fahad <[EMAIL PROTECTED] <mailto:[EMAIL PROTECTED]> com> wrote: Upami urang nengetan Sajarah Karajaan - Karajaan Pasundan, ti mimiti Karajaan Tarumanagara, Pasundan, Galuh - Pakuan, tepi ka Sumedang Larang. Teu aya hiji Oge nu Kabejakeun yen Karajaan - karajaan eta pernah ngalakukeun agresi atawa Invasi Ka Karajaan batur. Beda sareng Majapahit, Mataram atawa Sriwijaya di Sumatra. Naha bet bisa kitu???Pasti rea alasanana. Meureun karajaan Sunda mah geus ngarasa cukup atawa sejahtera ku ngolah nagara sorangan, teu kudu ngalegaan kakawasaan tepi ka Karajaan sejen. Nu aya, Karajaan sejen nu hayang ngawasa karajaan Sunda da ningali wilayahna nu lumayan lega oge strategis. Tapi duka teuing ketang he he he. Da abdi mah teu pernah hirup di Jaman Karajaan Sunda. ---------------- You rock. That's why Blockbuster's offering you one month of Blockbuster Total Access <http://us.rd.yahoo.com/evt=47523/*http://tc.deals.yahoo.com/tc/blockbuster/text5.com> , No Cost. -- geocities.com/ <http://geocities.com/mangjamal> mangjamal mangjamal.multiply. <http://mangjamal.multiply.com> com ------------------------------------ Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

