Dina Carita Parahiyangan kasebutkeun Rahyang Sanjaya anu perang kamana-mana, ti mimiti sa-Jawa nepi ka meuntas ka Sumatra, malah nepi ka Cina (duka Cina bagian mana2na mah). Naha ieu pengecualian atawa kumaha?
On Fri, Apr 4, 2008 at 11:09 AM, netta fahad wrote: > Upami urang nengetan Sajarah Karajaan - Karajaan Pasundan, ti mimiti > Karajaan Tarumanagara, Pasundan, Galuh - Pakuan, tepi ka Sumedang Larang. > Teu aya hiji Oge nu Kabejakeun yen Karajaan - karajaan eta pernah > ngalakukeun agresi atawa Invasi Ka Karajaan batur. > Beda sareng Majapahit, Mataram atawa Sriwijaya di Sumatra. > Naha bet bisa kitu???Pasti rea alasanana. Meureun karajaan Sunda mah geus > ngarasa cukup atawa sejahtera ku ngolah nagara sorangan, teu kudu ngalegaan > kakawasaan tepi ka Karajaan sejen. Nu aya, Karajaan sejen nu hayang ngawasa > karajaan Sunda da ningali wilayahna nu lumayan lega oge strategis. >

