--- In [email protected], netta fahad <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Upami urang nengetan Sajarah Karajaan - Karajaan Pasundan, ti mimiti
Karajaan Tarumanagara, Pasundan, Galuh - Pakuan, tepi ka Sumedang
Larang. Teu aya hiji Oge nu Kabejakeun yen Karajaan - karajaan eta
pernah ngalakukeun agresi atawa Invasi Ka Karajaan batur. 
> Beda sareng Majapahit, Mataram atawa Sriwijaya di Sumatra.
> Naha bet bisa kitu???Pasti rea alasanana. Meureun karajaan Sunda mah
geus ngarasa cukup atawa sejahtera ku ngolah nagara sorangan, teu kudu
ngalegaan kakawasaan tepi ka Karajaan sejen. Nu aya, Karajaan sejen nu
hayang ngawasa karajaan Sunda da ningali wilayahna nu lumayan lega oge
strategis.
> 
> Tapi duka teuing ketang he he he. Da abdi mah teu pernah hirup di
Jaman Karajaan Sunda. 
> 
> -------------------------------------------------
> Pamadegan eta teh aya leresna oge lepatna.
  Margi upami urang nengetan langkung teleb, saleresna mah masalah
"invasi-menginvasi" tetep aya, dilakukeun oge ku sabagian turunan ti
kadang warga "urang Sunda baheula" (Karajaan2 nu aya di Jawa Barat).
Dina naskah "Carita Parahiyangan" diebrehkeun yen kantos aya
pacengkadan antawis rundayan Galuh (turunan Prabu Mandiminyak), nyaeta
antara Prabu Purbasora - Sanjaya, jst. Oge antara Banga - Manarah
(Galuh vs Sunda).
Memang 'kisruh" eta masih di sakulibek Sunda. Benten sareng nu sanesna
anu terang-terangan "invasi" antara karajaan anu beda asal-usulna.
> ---------------------------------
> You rock. That's why Blockbuster's offering you one month of
Blockbuster Total Access, No Cost.
>


Kirim email ke