leres pisan tah sajak teh, sok kuurang itung2 rugina ngaroko
coba ayeuna harga rokok 7-10 rebu. sok urang itung sabaraha duit lamun
rata-rata urang ngaroko sapoe sabungkus. urang rata2keun 8 rebu sbnkusna
1 bulan = Rp. 240.000
1 Tahun = Rp. 2.880.000
10 Tahun = Rp. 28.800.000
sok tah tingali angkana, coba lamun kuurang ditabung, pan meureun bisa
dianggo nambahan kuliah anak atawa DP imah meureun. cik abdi mah bodo pisan anu
ngaroko teh. kapungkur mah mun teu ngaroko teh disebut banci cenah. da ayeuna
mah tibalik, banci teh sadayana ngaroko, sareng rata-rata awewe komo di Jakarta
mah hampir ngararoko ningan.
baktos.
Jamar
isma shaff <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Ngiring mairan...
Saleresna mah roko teh ngandung mangpaat anu ageung pisan keur kahirupan
urang sapopoe. Yeuh geura urang ilikan hiji-hijina:
Kahiji, imah jelema nu sok ngaroko moal didatangan ku garong.
Kadua, nu sok ngaroko moal huisan.
Katilu, nu sok ngaroko moal pikun.
Naha bisa siga kitu?
Sabab anu sok ngaroko mah unggal peuting batuk ngehkeh teu eureun-eureun,
ceuk garong teh: na iraha atuh ieu jelema sarena, bedo ah kuring lamun kieu
mah. Nya, belecet weh indit teu jadi ngarampogna.
Lian ti eta, kusabab dina roko loba racunna jadi umur anu sok ngaroko (lain
ngadoakeun ieu mah) rata-rata pararondok jadi teu kungsi huisan jeung pikun.
Tah kitu baraya, hatur nuhun.
Isma
ikmals <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Pangalaman kiring dina hal roko-perokoan, sainget kuring can pernah
nyedot roko anu aya bakoan, baheula pernah teh keur jaman aya abah keneh keur
sakola di SD, pernah nyobaan roko daun kawung, pait! teu ngeunah deuih....
kuring teu pernah ngaroko cigaret, sabab tisaprak inget kuring nempo bapa
gawena ngan ka dokter wae, meakkeun duit anu di ala, kusabab paru paruna geus
rusak alatan ngaroko!! ti mimiti harita kuring geus nga'azamkeun moal arek
nyoba ngaroko, alhamdulillah dugi tug danget ayeuna di tangtayungan ku nu
Kawasa.....
kuirng sapuk pisan kana anu di serat ku Taufik Ismail, komo dina padalisah
iyeu sigana anu kedah diemutan sing teleb teh...........
25 penyakit ada dalam khamr. Khamr diharamkan.
15 penyakit ada dalam daging khinzir (babi). Daging khinzir
diharamkan.
4000 zat kimia beracun ada pada sebatang rokok. Patutnya rokok
diapakan?
baktos,
ikmal
Pada tanggal 15/04/08, Dadi Kurniadi <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
Recent Activity
14
New Members
Visit Your Group
Ads on Yahoo!
Learn more now.
Reach customers
searching for you.
Y! Messenger
All together now
Host a free online
conference on IM.
Y! Groups blog
The place to go
to stay informed
on Groups news!
.
between 0000-00-00 and 9999-99-99
---------------------------------
Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now.