> From: kumincir
> masih keneh ngabahas alkohol dina peuyeum geuningan... heuheu

Hehehehe ....enya!, sabab peuyeum jeung kadu euweuh di tanah Arab kasusna 
sigana sarupa jeung CUKA. Waktu Kangjeng Nabi jumeneng keneh, masyarakat 
Arab di Mekkah jeung Madinah teu nyahoeun aya bumbu masak cuka. Urang Arab 
mimiti nyaho ayana cuka, sanggeus Umar bin Chattab naklukeun daerah di 
kaler. Cenah harita ge halal jeung haramna cuka jadi kontroversi sabab cuka 
dijieun tina bahan anu ngandung alkohol (proses nyieunna siga nyieun inuman 
keras). Tapi ku Khalifah Umar cuka dianggap halal sabab cuka beda jeung 
inuman heuras (saha nu kuat nginum cuka sabotol ...hehehehe)

Baktos,
WALUYA
[nu kungsi "mabok" ku kadu!]

 

Kirim email ke