Tuh Baraya, percaya.
"..dibejaan atawa teu dibejaan, maranehna tetep dina kagorenganana..."



On Wed, Apr 16, 2008 at 8:05 AM, ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   "Jay..."
> "Hmmm..."
> "Osok ngaroko keneh ?"
> "Nya osok ari aya mah.."
> "Mun euweuh mah henteu atuh nya ?"
> "Henteu naon ?"
> "Teu ngaroko !"
> "Ah angger we, euweuh roko mah nya meuli we.."
> "Mun teu boga duitna?"
> "Nya nganjuk we heula ka warung ceu Juju.."
> "Enya mun dibere nganjuk, mun henteu ?"
> "Mun henteu nya, menta we duitna ka maneh..."
> "Ih embung teuing mere duit keur didurukan"
> "Ah da teu ngadurukan duit uing mah, gelo sugan mah,
> duit didurukan"
> "Nya heueuh atuh, duitna dipake udud, ari udud apan diduruk,
> atuh sarua we jeung ngadurukan duit.."
> "Yeee ari maneh, atuh mun kitu mah nu meulian minyak tanah,
> nu meulian bengsin ge sarua jeung ngadurukan duit.."
> "Nya henteu atuh, da nu kitu mah geus puguh mangpaatna.."
> "Mangpaat keur saha ?"
> "Nya keur nu meuli-na atuh..!"
> "Ah, uing ge meulian udud teh apan matak mangpaat.."
> "Mangpaat keur saha ?"
> "Keur sasaha. mangpaat keur tukang roko, mangpaat keur
> pabrik roko, mangpaat keur pagawe pabrik roko, mangpaat keur
> tukang bako ..."
> "Ah, alesan tukang udud we eta mah..."
> "Ih lain alesan, da memang puguh kitu kanyataanana.."
> "Tapi Jay, maneh teh kudu inget, apan udud teh matak
> ngabalukarkeun loba panyakit.."
> "Ah ari panyakit mah lain tina udud wae, da nu tara udud ge loba
> nu panyakitan mah.."
> "Ih ari maneh, dibejaan teh sok keukeuh peuteukeuh.."
> "Lain keukeuh, da uing mah ngabejaan teh kanyataan.."
> "Yeuh Jay, numutkeun data ti WHO. apal teu WHO ? Organisasi Kasehatan
> Sadunya, yen udud teh pembunuh nomer hiji.."
> "Owh kitu ?"
> "Enya !"
> "Atuh sarua jeung Assasin udud teh nya ?"
> "Enya, jadi udud teh anu bisa nyababkeun maneh paeh !"
> "Haar ari maneh...jiga nu apal kana ajaran agama wae. Apan
> perkara paeh mah geus diatur ku Alloh, geus takdirna. Mun enya
> kudu paeh alatan udud, atuh mana kitu ge geus kuduna.."
> "Heueuh ari soal etana mah ..."
> "Yeuh Dul, paehna jelma mah bisa disababkeun ku hal-hal anu leutik.."
> "Contona ?"
> "Pan aya kacaritakeun jalma paeh alatan ku ngorong..!"
> "Maenya alatan ngorong wae bisa paeh?, kade atuh maneh ge apan
> beuki pisan kana ngorong !"
> "Enya, harita aya nu ngorong. saking ku konsentrasi ngorong,
> nyebrang jalan teu luak lieuk deui, atuh kageleng ku treuk.."
> "Ih, belegug pisan maneh mah...! Meugeus ah, ari tukang udud mah
> da loba pisan alesanana. Nya kumaha maneh we lah"
> "Nya geus atuh, kumaha uing we. Eh tapi Dul, maneh pan nyaho lin?"
> "Naon ?"
> "Apan peroko pasip teh leuwih bahaya tinimbang peroko aktipna,
> heueuh ?"
> "Enya, kunaon kitu ?"
> "Tah, daripada jadi peroko pasip, kumaha mun jadi peroko aktip wae ?"
> "Hhhhhh !!!"
>
> -jay-
>
>
> --- In [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com>, joko
> tingkir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > Kang H. Surtiwa, sanes ceuk "urang Islam" panginten
> > tapi ceuk "Islam", da ari urang Islam mah nu nganut
> > agama Islam, loba nu sok nenggak khamer jeung
> > sabangsana sanajan terangeun yen eta inuman teh haram.
> > Tah ari ceuk Islam mah rek saeutik atawa loba kitu
> > deui cenah dipake obat, tetep wae hukumna haram.
> > Punten kang he he he sanes hayam mapatahan ngojay ka
> > meri.
> >
>

Kirim email ke