Ahmad miza gulam teh mun di urang mah sarupaning kyai atawa ulama badag
pastina. Ngan cigana, ku adat suradat india, AMG dikultuskeun nepi ka
dianggap nabi, bari diposisikeun saparantos kanjeng nabi Muhammad SAW.
Sedeng dina Qu'ran, nabi Muhammad teh nabi pamungkas. Mun dina tingkatan
manusa, meureun agm geus tingkatan nu luhur, sarupaning sufi, nu boga
karisma, jsb.

 

Kungsi maca perkembangan agama2 dunya, keur diteangan deui bukuna, di hindu
india, loba pisan sekte atawa aliran. Nu masing-masing beda, kaasup beda
nyembah atawa prioritas dewa nu dipake pikeun sesembahanana. Da hindu nu
datang ka sunda jeung ka jawa oge cenah beda. Tantra, wisnu, syiwa, jsb.
Anapon budha oge cek cenah, sarupaning sempalan ti hindu. Malah asana di
budha mah teu aya konsep pangeran.

 

Kungsi nanya ka nu ngagem ahmadiyah soal kanabian amg. Cenah pokok
persoalanana aya dina cara ngahartikeun ayat nu hartina "nabi pamungkas"
pikeun nabi Muhammad. Meureun cara nerjemahkeun ayat ieu beda, bisa jadi
pikeun ngalegalkeun Amg jadi nabi. 

 

Kanu langkung paos mangga teraskeun. 

 

Kirim email ke