Hiji jalma bisa ka aku ngagem agama Islam nyaeta lamun manehna geus ngucapkeun 
dua kalimah sahadat. "ashadu ala ilaha ilallah, wa ashadu anna 
muhammadarrosulullah"
  Naon sababna kudu ngucapkeun sahadat? sabab eta salah sahiji dasar nu 
mangrupa jangji nu diakui boh lahir boh batin ku dirina. "aku bersaksi bahwa 
tiada tuhan selain Allah....!, dan aku bersaksi bahwa muhammad itu utusan 
Allah...!" naha kirang jelas kitu???
  Ku penting2na sahadat geuning dina pawayangan ge "aji kalimusada" nyaeta 
ajian semar nu pang sakti2na. etah teh ukur siloka baraya....
  Sahadat nyaeta dasarna agama Islam. ibarat taneuh, mun urang rek ngadegkeun 
imah. mun taneuh eta teu aya? rek dimana urang rek ngadegkeun imah? cenah na 
luhur cai, da keukeuh wae da dasarna mah taneuh, rek dina tangkal kai? da 
keukeuh wae dasarna mah taneuh. heuheu..kalah ka ngomongkeun taneuh.
  Sedengkeun ari sholat? eta tihangna agama (tong dibahas da geus papada apal).
  Balikan ka sahadat, cik lamun dasarna geus beda, dina cara jeung kayakinan, 
naha bisa disebut nukitu islam. Sedengkeun Islam mah pan rosul na ge muhammad. 
taya deui rosul salian anjeun-na. tah lamun aya nu ngakui ayana rosul saentas 
muhammad, poma kudu diajar alif ba ta deui...diajar ti tingkat Teka...supaya 
apal dasarna. sabab manehna geus sesat.
  Permasalahan ayeuna, nyaeta Ahmadiyah make ngaran agama Islam tapi dijerona 
lain!
  Sarua jeung pami urang meuli sapi, harga sarua jeung sapi, na ari heug teh 
dibere domba....kumaha perasaan urang? pan asa dibobodo lin?, tapi mun ti 
samemehna sebutkeun yen eta teh domba meureun urang teh moal ka bobodo.
  Sami jeung ahmadiyah, mun make ngaran sorangan mah tong ngaku agama Islam, 
meureun moal dipermasalahkeun.
  Cik pang nalungtikeun, aya teu nu mempermasalahkeun kaberadaan hindu, bidha, 
kristen di nagara urang?? sabab manehna mawa ngaran sorangan, jadi samemehna 
tos jelas.
  Efekna ahmadiyah ka umat Islam bisa nyesatkeun ka jalma nu poekeun.....
  Sok sanajan kuring teu satuju ayana kekerasan.
  Hayu urang doakeun supaya pamimpin urang tong sieun ku pihak luar kanggo 
ngabubarkeun ahmadiyah, atawa supaya ahmadiyah nyieun ngaran sorangan ulah 
nebeng....ka ngaran nu suci.
Ceuk kuring.....jelas yen ahmadiyah ngarugikeun batur.....geus sabaraha ratus 
juta umat Islam nu sesat ku ajaran na??? Ahmadiyah geus ngahina, ngece, menodai 
agama Islam. geus morak porandakeun sabagian ummat, nu kitu namina ngarugikeun 
batur. Sedengkeun rugi lain ukur di dunya. tapi rugi nu tarohan na oge "naraka" 
tempat nu matak muriding najan ngadenge ngaran na hungkul oge.
  naudzubillah.
  Tapi da geus teu heran, ku ayana ahmadiyah....geus dibewarakeun ti anggalna 
ku rosul....ngan urang siap mayunan na...urang siap jalan di jalan-Na?
   
   
  
Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  Kuring 
teu terang leres henteuna, Indonesia "diteken" ku pihak luar supaya teu 
ngabubarkeun Akhmadyah. Tapi ayana Akhmadyah di Indonesia "diresmikeun" da 
mangrupakeun Badan Hukum Nagara Indonesia. Ari perkara Akhamdyah markasna di 
London mah, ah da Hizbut Tahrir nu anti Akhamdyah oge tadina markasna di 
London da di nagara-anagara Timur Tengah mah faham HT oge "dimusuhan" ku 
pamaretah nagara-nagara di kawasan Timur Tengah.

Ari keur kuring mah, satutung teu ngarugikeun batur, kunaon make dilarang 
komo tepi ka dirogahala mah?

Baktos,
WALUYA

        
    Recent Activity
    
      16
  New Members

Visit Your Group 
      Best of Y! Groups
  Check it out
  and nominate your
  group to be featured.

    Yahoo! Groups
  Cat Zone
  Connect w/ others
  who love cats.

    Y! Messenger
  Files to share?
  Send up to 1GB of
  files in an IM.



  .

 
                           

       
---------------------------------
Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.

Kirim email ke