> From: Toha
> lamun kieu carana cik naon bentenna sareng gerakan2 anu lian sapertos lia 
> eden, ahmad musadek jrrd?. geuning
> kamaranehanna mah pamarentah teh bisa tegas, naha ka ahmadiyah anu ti 
> baheula aya di nagara urang  jiga pura2 teu
> apal?, ceuk cenah pamarentah meunang tekanan ti pihak luar, supaya 
> ahmadiyah di indonesia tong di bubarkeun, info
> salengkepna tiasa diaos didieu.

Upama ditingali dina kajadian lahirna mah sigana rada ngaharib-harib jeung 
kasus Lia Eden, Musadek jrrd. Ngan masalahna faham Akhamdyah "survive" terus 
aya tepi ka ayeuna. Di Nagara-nagara Barat, penganut Akhamdyah cukup loba. 
Salah saurang penganut Akhmadyah nu jadi kasohor di Dunya, Prof Abdus Salam, 
ilmuwan Fisika nu sok disebut-sebut ilmuwan Islam munggaran jeung ngan 
saurang-urangna nu meunang Hadiah Nobel Fisika. Abdus Salam salian kasohor 
dina elmu Fisika, oge nulis perkara Al Qur'an. Bukuna perkara Al Qur'an 
ditarjamahkeun kana Basa Indonesia.

Akhmadyah  mimiti asup ka Indonesia taun 1920'an. Malah ceuk beja mah 
mimitina diondang ku tokoh-tokoh Islam Indonesia sorangan. Akhamdyah di 
Indonesia terus hirup tepi ka ayeuna. Mimiti "dimasalahkeun" di taun 1980 
(60 taun ti awal asup) jeung terus diributkeun di jaman "repotnasi". Kuring 
teu terang leres henteuna, Indonesia "diteken" ku pihak luar supaya teu 
ngabubarkeun Akhmadyah. Tapi ayana Akhmadyah di Indonesia "diresmikeun" da 
mangrupakeun Badan Hukum Nagara Indonesia. Ari perkara Akhamdyah markasna di 
London mah, ah da Hizbut Tahrir nu anti Akhamdyah oge tadina markasna di 
London da di nagara-anagara Timur Tengah mah faham HT oge "dimusuhan" ku 
pamaretah nagara-nagara di kawasan Timur Tengah.

Ari keur kuring mah, satutung teu ngarugikeun batur, kunaon make dilarang 
komo tepi ka dirogahala mah?


Baktos,
WALUYA

Kirim email ke