Nuhun kang.

Mudah2an kang Gumilar tiasa maju terus nepi ka luhur. ti rektor UI, teui
kudu jadi menteri geula, langsung we PRESIDEN RI..!!!

hudang euy!

mj

http://geocities.com/mangjamal
http://mangjamal.multiply.com


Salah sapuluh "ikon anyar" anu keur dipikahayang ku
urang Sunda teh nyaeta, "Presiden Urang Sunda". Saptu
kamari di Kompas, aya polling, nanyakeun saha
kirea-kirana anu pipanteuseun jadi Presiden. Nu kahiji
Amien Rais, ari nu kadua Gumilar Rusliwa Somantri,
Rektor UI.
Teuing naon maksudna Kompas nurunkeun tulisan eta.
Tapi sawatara katukang ieu, aya sababaraha topik-topik
tulisan di Kompas, mangrupakeun "rekayasa", anu ahirna
teh bener-bener kajadian. Diantarana wae, Kompas
minggu, dua atawa tilu minggu katukang, Ahmad Sobari,
nurunkeun tulisan ide-ide pemikiran Bambang Shergi
Laksmono. Eh.., kemis kamari kapilih jadi dekan FISIP
UI.
Jadi, jigana perkara "cangkar anyar" ieu, perlu oge
disawalakeun atawa disosialisasikeun di media-media,
ngarah gampang nepi ka masyarakat umum.


baktos,

mrachmat Uidipura



Kirim email ke