Kuring muji ka para seniman atawa ka sagolongan jalma
anu soson-soson ngulik dina masalah anu aya pakaitna
jeung kasenian. Pikiranana kadang-kadang Nyongcolang,
"nyleneh" beda jeung aliran pikiran "mainstream".
Urang Padang, mangrupakeun hiji suku anu onjoy dina
olah pikir seni/budaya. Jigana wae pangaruh alam atawa
aya tradisi anu terus-terusan dipiara diturunkeun ka
generasi anyar. Jigana wae Yasraf Amir Piliang, salah
sahiji urang Padang anu boga pikiran nyongcolang.
Teori postmo "cangkang anyar", sok sanajan lain ide
anu anyar, tapi asana teh, cocok dilarapkeun ka Urang
Sunda anu kiwari keur neangan "ikon anyar".
Salah sapuluh "ikon anyar" anu keur dipikahayang ku
urang Sunda teh nyaeta, "Presiden Urang Sunda". Saptu
kamari di Kompas, aya polling, nanyakeun saha
kirea-kirana anu pipanteuseun jadi Presiden. Nu kahiji
Amien Rais, ari nu kadua Gumilar Rusliwa Somantri,
Rektor UI.
Teuing naon maksudna Kompas nurunkeun tulisan eta.
Tapi sawatara katukang ieu, aya sababaraha topik-topik
tulisan di Kompas, mangrupakeun "rekayasa", anu ahirna
teh bener-bener kajadian. Diantarana wae, Kompas
minggu, dua atawa tilu minggu katukang, Ahmad Sobari,
nurunkeun tulisan ide-ide pemikiran Bambang Shergi
Laksmono. Eh.., kemis kamari kapilih jadi dekan FISIP
UI.
Jadi, jigana perkara "cangkar anyar" ieu, perlu oge
disawalakeun atawa disosialisasikeun di media-media,
ngarah gampang nepi ka masyarakat umum.
baktos,
mrachmat Uidipura
--- mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>
> Ieu oleh2 ti sawala pokoknya sunda minggu kamarina.
> Opat lambar makalah Pa
> Yasraf Amir Piliang. Can purun diketik ulang. Tapi
> salah sahiji gagasan
> pikeun ngamajukeun sunda, cenah ku cara -mun geus
> dianggap euweuh cangkang
> asli, nya bisa ku cara neangan atawa nyieun cangkang
> anyar, aya dina makalah
> Pa Yasraf A. Piliang, urang minang persisna ti
> kabupaten sulit air, nu geus
> puluhan taun nganjrek di Bdg dan sakola di sr itb
> ayeuna dosen di dinya.
> Judul makalahna, sunda di alam posmodern. Nyaritana
> make basa sunda, sanajan
> teu pati lancar da jarang dipake cenah.
>
____________________________________________________________________________________
Be a better friend, newshound, and
know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now.
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ