Ah, sakalian Kang Jamal. Sim kuring nyuhunkeun pitulung. Abdi Yayat R Cipasang
butuh pisan alamat email Kang Hawe Setiawan sareng Pak Ajip Rosidi.
Puntennya email abdi teu nyambung sareng bahasan di handap. Tapi sateuacanna
sim kuring ngahaturkan trimakasih (punten bahasa abdi parah pisan)
Yayat R Cipasang
mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
sigana pangna aya tempat2 pandey beusi nu terkenel jeung kuayana ngaran
bedog nu terkenal oge, nunjukkeun urang kitu, beh ditu. siga bedog cibatu.
atawa bedog cepot. sigana cara eta, nyoren bedog patali jeung cara hirup
baheula urang, ka leueweung, ka kebon, ka sawah (mawa pacul ka sawah mah jeung
tank atawa panzer) heuheu.
ngan beh dieu, sangges aya kota jeung saterusna, pagawean beda, nya nyoren
bedog teh jadi teu usum. ngan -peso balati- dibawa ku pulisi jeung tangtara nu
dines. siga pramuka. heuheu
On 4/22/08, irpan rispandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Mang J,
kumaha lamun cangkang anyarna dina dangdanan.
ciri urang sunda nyaeta lamun kamamana nyoren BEDOG !
he...he..he..
siga di Pakistan? (atawa nagara sekitar dinya), salah sahiji ciri lalaki dewasa
teh nyaeta nyoren belati anu melengkung.
On Tue, Apr 22, 2008 at 12:10 PM, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ieu oleh2 ti sawala pokoknya sunda minggu kamarina. Opat lambar makalah Pa
Yasraf Amir Piliang. Can purun diketik ulang. Tapi salah sahiji gagasan pikeun
ngamajukeun sunda, cenah ku cara –mun geus dianggap euweuh cangkang asli, nya
bisa ku cara neangan atawa nyieun cangkang anyar, aya dina makalah Pa Yasraf
A. Piliang, urang minang persisna ti kabupaten sulit air, nu geus puluhan taun
nganjrek di Bdg dan sakola di sr itb ayeuna dosen di dinya. Judul makalahna,
sunda di alam posmodern. Nyaritana make basa sunda, sanajan teu pati lancar da
jarang dipake cenah.
Salah sahiji nu euweuh di sunda Bandung cenah cangkang nu kaciri
bungkeuleuk. Sabab memang, sabagian budaya teh aya nu sipatna teu kadeuleu
(intangible tea). Padahal sabagian gede masyarakat mah hayangna teh nu kaciri
fisik (tangible) sabab gampang kaharti dan bungkeuleuk. Ari di minang mah aya
keneh. Siga rumah gadang tea. Oma irama kungsi nyangi begadang, tapi teu aya
patalina jeung rumah gadang. heuheu
Dina rupa adat suradat, aya ninik mamak, nu jadi pananyaan perkara adat
dina mereskeun hiji perkara. Di jawa yogya, aya raja atawa sultan. Sanajan di
jateng cara semarang atawa pantura mah teu aya oge.
Nempo sajarahna, tangtu kitu, sabab Bdg mah lain dayeuh nu dijieun ku US
baheula, tapi sasatna ku walanda. Lembur nu dijieun US mah disebut old town tea
(dayeuh kolot) ayeuna.
Dina budaya posmodern mah, cenah cangkang eta bisa dijieun atawa
jijieunan. Teu kudu neangan nu baheula, bisa nyieun anyar. Aya nu nyeletuk,
persib, tah persib bisa dijadikan ikon pikeun ngahijikeun urang sunda utamana
US Bdg, sanajan model persib mah mun eleh, tangtu karasa teu nyugemakeun. Sok
nepi ka ngaramuk pan bobotoh teh. Tapi ku kitu oge, sigana jadi bukti yen
persib geus bisa jadi tali nu ngumpulkeun atawa nalian emosi urang Bdg jeung
US umumna.
Dina wangunan, geus ti beh ditu mula aya klaim ti pamarentah provinsi
jabar, yen Gedong Sate teh jadi tangara atawa ikon jawa barat tangtu kaasup
budaya sundanana.
Sok we geura tingali, di pos2 lintasan kareta, wangunan pikeun nu jaga, di
bdg, make sate siga dina Gedong Sate dina suhunanana. GS geus diaku jadi
cangkang anyar sunda, sanajan teu kabeh satuju. Cara dosen si kuring.
Sabenerna make gedong sate atawa gedong2 titinggal walanda jadi parodi
atawa ironi. Ongkoh urang teh merdeka, nasionalismeu digede-gede, tapi ari
wanguna kolonial malah diaku jadi lambang/ikon/cangkang daerah.
Messages
in this topic (1) Reply
(via web post) | Start a new topic
Messages | Files
| Photos |
Calendar
Komunitas Urang
Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch
format to Traditional
Visit Your Group | Yahoo!
Groups Terms of Use | Unsubscribe
--
geocities.com/mangjamal
mangjamal.multiply.com
---------------------------------
Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now.