InsyaAllah dugi ka belut jangjangan oge Indonesia khususna urang sunda moal tiasa ngawujudkeun nagara anu "bersih tur islami" pami kieu carana mah. Aya anu berjuang kanggo memeres pamarentahan, bet dipikaceuceub bebeakan kualatan aya teu kapanujuan dina hiji hal. Padahal teu aya anu sampurna. Sok sanaos aya calon independen oge, naha tos yakin eta bakal bersih tina praktek2 kotor? malah calon independen pami teu aya dukungan resmi tina hiji organisasi/kekuatan politik, anjeuna tiasa moal ngaluarkeun kabijakan anu pro rahayat? Saupami teu aya anu saratus persen bersih (menurut kriteria urang), hayu atuh urang dukung anu pangsaeutik na ngamudharatkeun ka rahayat, nu mangfaat na leuwih gede. Dari pada gontok2an, malah nimbulkeun pipaseaeun, padahal urang sadaya ngaku2 islam, tapi hobina pasea, aneh..... Sim kuring ngadukung dulur2 nu berjuang lewat partai, lewat tarbiyah lewat pendidikan, atanapi lewat naon wae, sabab mun urang berjuang ngan saukur dina hiji hal/parsial, moal berhasil. kudu saling bantu, saling ngadukung. Damai atuh ah........ punten ah, Wawan Hermawan Ciwidey
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

