enya, satujuuuuu, ngan poma ulah poho kana temah wadi, dunya mah diperjuangkeun 
ge bakal ditinggalkeun atuh, paling lami oge saratus taun, nu penting mah urang 
teh kedah apal jalan ka surga, tempat anu pasti kekal nikmat aman selamat 
lancarna jeung jauh tina iri dengki jail kaniyaya, hirup taya kuciwana, ngora 
terus, sehat terus, seneng terus, ganteng terus, geulis erus, salalawasna 
ditangtayungan kunu kawasa, rezeki teu aya nu nghalangan, poma ulah poho 
akherat, muslim parasea wae mah pinarakaeun, emut sabda nabi tea anu tos arapal 
atuh, lain dunya tujuan islam teh tapi surga alloh anu lega, dunya mah pikeun 
bekel sacukupna keur nunjang ibadah lain tuuan utama, anu pasti fanana, jadi 
bari dibarengan ku elmu qur'an hadis nabi, sok geura aramalkeun da yaktos maot 
mah tara mere beja,  pami tujuan tos sami pasti atuh rarukun sorangan, mung tos 
anten dalil gusti alloh, laukana alfun wahidun fil jannah, jadi pasti susahnya 
nangtungkeun bola baseuh. eh hapunten atuh iyeu mah mung
 tadzkiroh

wawan hermawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                             
InsyaAllah dugi ka belut jangjangan oge Indonesia khususna urang sunda  moal 
tiasa ngawujudkeun nagara anu "bersih tur islami" pami kieu carana  mah. Aya 
anu berjuang kanggo memeres pamarentahan, bet dipikaceuceub  bebeakan kualatan 
aya teu kapanujuan dina hiji hal. Padahal teu aya anu  sampurna. Sok sanaos aya 
calon independen oge, naha tos yakin eta bakal  bersih tina praktek2 kotor? 
malah calon independen pami teu aya  dukungan resmi tina hiji 
organisasi/kekuatan politik, anjeuna tiasa  moal ngaluarkeun kabijakan anu pro 
rahayat?
  
  Saupami teu aya anu saratus persen bersih (menurut kriteria urang),  hayu 
atuh urang dukung anu  pangsaeutik na ngamudharatkeun ka  rahayat, nu mangfaat 
na leuwih gede. Dari pada gontok2an, malah  nimbulkeun pipaseaeun, padahal 
urang sadaya ngaku2 islam, tapi hobina  pasea, aneh.....
  
  Sim kuring ngadukung dulur2 nu berjuang lewat partai, lewat tarbiyah  lewat 
pendidikan, atanapi lewat naon wae, sabab mun urang berjuang  ngan  saukur dina 
hiji hal/parsial, moal berhasil. kudu saling bantu, saling  ngadukung.
  
  Damai atuh ah........
  
  punten ah,
  
  Wawan Hermawan
  Ciwidey



 Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 
     
                                       

 Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

Kirim email ke