Sae tah emutan teh Kang!!
Daripada euweuh baelah nu goreng oge...
ngan sagoreng2na nu goreng ge mun dulur keneh mah
maenya rek dialungkeun ka sumur dosa wae? Kecuali mun
dulur eta boga komitmen rek merjuangkeun Syariat Islam
nu sampurna. Tapi da mun jadi Pamingpin wungkul mah
moal mampu dina sistem nu ayeuna mah. Tong nyerah ka
kaayaan mending ge ceuk kuring mah...
Mun enya kajadian Golput teh jadi mayoritas, sukur
atuh, moal bakal lila deui tinggal nungguan jang
Revolusi Islam weh... Revolusi Islam bisa kajadian
lamun mayoritas rakyat/umat geus boga kahayang
kadinya. Tinggal merjuangkeun kahayang eta urang mah.
Wallahu'alam bi ashawab...
Baktos
Tessar
--- h_supriadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> sae tah Kang Tessar pamaksadan teh...
> aya ka nyaah spy teu nambahan dosa nya...
>
> ngan cobi emutan kieu, urang i-itungan
> maslahat/mudharat tina GOLPUT :
> mun dina PILKADA atawa PILPRES, sadaya calonna
> euweuh nu beresih (ieu
> mah ngalamun we)...
> 1. calon kahiji goreng pisan
> 2. calon kadua goreng
> 3. calon rada goreng
> 4. calon ka opat cenah goreng...
>
> kabeneran calon nu goreng pisan teh boga "geng"
> atawa pengikut satia
> (preman2) nu jadi tim suksesna jeung rada loba...
>
> mun mayoritas rakyat jadi golput sedengkeun
> "geng"-na calon kahiji
> nyoblos kabeh, saha nu bakal menang ?! pasti calon
> kahiji pan...
>
> ieu mah LAIN teu menang GOLPUT, ngan sakuduna ceuk
> uing mah mun bisa
> (mun bisa ieu ge)coba we pilih NU PALING ALUS
> diantara PILIHAN2 nu
> GARORENG... (uing basa PILKADA teu ngilu nyoblos,
> keur aya di PALU -
> ayeuna keur di GORONTALO, alus euy kotana rapih teu
> pabaliut teuing)...
> jadi ceuk uing, mun teu bisa menangkeun nu alus dina
> PILKADA, nya atuh
> saheunteuna bisa nyegah nu paling goreng...
>
> mun kabeh GOLPUT, ma enya milih gubernur make cara
> "suten"/"suit"...
> enya eta ngadu cingir, curuk jeung jempol tea...
>
> sakitu pamadegan uing ngenaan GOLPUT...
>
>
>
> ^_^
>
>
>
>
____________________________________________________________________________________
Be a better friend, newshound, and
know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now.
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ