sae tah Kang Tessar pamaksadan teh... aya ka nyaah spy teu nambahan dosa nya...
ngan cobi emutan kieu, urang i-itungan maslahat/mudharat tina GOLPUT : mun dina PILKADA atawa PILPRES, sadaya calonna euweuh nu beresih (ieu mah ngalamun we)... 1. calon kahiji goreng pisan 2. calon kadua goreng 3. calon rada goreng 4. calon ka opat cenah goreng... kabeneran calon nu goreng pisan teh boga "geng" atawa pengikut satia (preman2) nu jadi tim suksesna jeung rada loba... mun mayoritas rakyat jadi golput sedengkeun "geng"-na calon kahiji nyoblos kabeh, saha nu bakal menang ?! pasti calon kahiji pan... ieu mah LAIN teu menang GOLPUT, ngan sakuduna ceuk uing mah mun bisa (mun bisa ieu ge)coba we pilih NU PALING ALUS diantara PILIHAN2 nu GARORENG... (uing basa PILKADA teu ngilu nyoblos, keur aya di PALU - ayeuna keur di GORONTALO, alus euy kotana rapih teu pabaliut teuing)... jadi ceuk uing, mun teu bisa menangkeun nu alus dina PILKADA, nya atuh saheunteuna bisa nyegah nu paling goreng... mun kabeh GOLPUT, ma enya milih gubernur make cara "suten"/"suit"... enya eta ngadu cingir, curuk jeung jempol tea... sakitu pamadegan uing ngenaan GOLPUT... ^_^

