Heueuh lah. sok urang mimitian,
iraha dimana mimiti kumpul.

ulah ukur MOKONDO  aeh .. OMDO.

MOKONDO jeung OMDO sarua teu nya  he..he..he..

On Thu, May 1, 2008 at 12:40 PM, ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   Hmmm sae...
> tos rada aya gambaran geuning ngeunaan HBH teh.
> Meh rada puguh ngeunaan HBH, sim korong..eh sim kuring gaduh usul..
> Kieu..
>
> kumaha pami Kang Yani dijantenkeun Pupuhu HBH 2008,
> Panata Calagrana tiasa ti barudak Bogor.
> apan aya Kang Hendra, Kang Dudi, Kang Runa, Kang Yayan,
> Kang Hadi, Kang Irpan, Ceu Herni, Teh Mia, sareng sajabina.
> Sadayana kungsi ngiringan janten panata calagra di HBH nu
> kalangkung.
>
> komo deui rencana HBH-na bade diayakeun di Sindangbarang, Bogor.
> Nu sanes mah panginten tiasa ngabantos.
> Sim kuring ge siap ngabantos, nya minimal ngabantos du'a wae mah..
>
> Kantun kempelan we keur nge-sah-keun Panata calagra sakantenan
> ngarumuskeun naon nu bade dipidamel. Kumargi waktos teh nyerelek,
> da anu atos-atos oge persiapan keur HBH teh teu cekap sa-sasih dua
> sasih.
>
> ari hog-hag wungkul dina milis bari teu jeung prak-prakanana mah
> moal jadi matak. isin kunu nyarios kieu :
> "Urang Kusnet mah NATO.." atanapi "Ah..OMDO.."
>
> kitu ..
>
> -dul-
> tukangkompor
>
> --- In [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com>, MRachmat
> Rawyani
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > Abdi tos wawartos kanu "ngageugeuh" SIMPAY di FIB UI.
> > Saratus persen bade ngabantos nyukseskeun acara HBH
> > KUSnet di Sindangbarang. Utamina mah dina ngeusi acara
> > sareng ngalobi ka Pa Maki, dina perkawis waragad
> > sareng pertunjukkan kasenian.
> > Namung saurna teh nyuhunkeun kapastian, saha-sahana
> > anu bade sumping sareng seueurna sabaraha puluh,
> > supados jelas sabaraha tempat mondok anu
> > diperyogikeun, sareng nyayogikeun pamandu kanggo
> > nganteur "napak tilas" titinggal karuhun di
> > Sindangbarang.
> >
> > baktos,
> >
> > mrachmat Uidipura
>
>

Kirim email ke