Alhamdulillah, Anu dipiharep sareng ditunggu2  tos nyanggeman geningan...
kantun kanggo baraya nusanesna, hayu urang Rojong Program2 kang Yani
kanggo kapana calagraan HBH 2008 ieu...
Insya Alloh kuring oge ngarojong sakamampuna kuring, Sigana memang HBH
KUSnet teh tos ngabutuhkeun sosok anu siga kang Yani ieu, sabab tina
Ideu2 anu cemerlangna, Mudah2an kanggo kapayun na oge dina Acara HBH
KUSnet 2008 ieu bakal langkung majeng deui boh dina kwalitas Acara anu
langkung bermutu sarta seueur manfaatna keur urang Sarerea sareng
sakurilingeun urang ,oge Kwantitas pamilon anu bakal sumping langkung
euyeub deui anu kersa ngaluuhan Acara silaturahmi papada urang Sunda
dina HBH2008 ieu... Amin.

-ts- 

--- In [email protected], MRachmat Rawyani
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Upami dipercanten, si kuring siaaapp, ngalaksanakeun
> amanah ti para wargi KUSnet.
> 
> Abdi nyungkeun waktos heula, kanggo ngarumuskeun
> kahoyong para wargi KUSnet, saenggalna bade ngayakeun
> riungan ngabadantenkeun acara HBH.
> 
> Hatur nuhun ka para wargi KUSnet  anu tos ngaamanatan
> ngalaksanakeun acara HBH.
> 
> Baktos,
> 
> mrachmat Uidipura 
> 
> --- Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> > Ihhh ke heula atuh .... eta anu ditunjuk teu acan
> > ngawaler...
> >   pokona panata calagra mah teu langkung saha anu
> > kersa...
> >   ma'lum atuda mung ukur cap nuhun.....heuheuheu....
> >    
> >   ssw


Kirim email ke