Alhamdulillah, nuhun Gusti.. nuhun ah kang Yani, Dinten saptu kamari abdi ka KBS, diditu tepung sareng kang Hendra, teh Herni, kang Dudi sareng kang Hadi.. perkawis HBH KUSnet 2008 oge sempet diobrolkeun sareng aranjeuna, (sakalian sasadu da geus wawanianan ngusulkeun kang Hendra jadi wakil pupuhu HBH heuheu..)
Punten.. aya info kanggo kang Yani sareng baraya, pan Idul Fitri teh ping 1-2 Oktober, ningali HBH nu atos2 biasana mah diayakeunna teh 1-2 minggu saatosna Idul Fitri, kanggo taun ieu ancer2na mungkin sekitar ping 12 atanapi 19 pami diayakeun dinten minggu.. Tah jigana pami ping 12 Oktober mah moal tiasa, da kang Maki sareng rengrenganna ti KBS kalebet kang Hendra bade ka Bali (di ondang ka Festival Nusa Dua pami teu lepat mah) ti ping 7 dugi ka 15 oktober.. Punten ieu mah saukur info.. da ngeunaan tempat HBH mah pan can diketok palu ku Apih nya.. bdn. punten oge ah geus nyanyahoanan.. heuheu.. --- In [email protected], ikmals <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Alhamdulillah, > tah geningan aya mang yani.....hayung urang rojong, supados HBH nu > bade dogkap langkung onjoy ajen inajena,amiin.... > > mugya di Bakus mah, spesies omdo teh mingkin ngirangan!! > > baktos, > > ikmal

