Sim kuring oge kalebet anu bingung ku berita "Ahmadiyah" teh.
Aya target naon tah ti kelompok tertentu anu ngamunculkan isu
ahmadiyah teh.

Da lieur ngabandungannana ge. Komo berita TV mah. 
Ceuk nu kontra ceunah (MUI) Ahmadiyah teh sesat kulantaran ngaku aya
nabi sanggesna Nabi Muhammad SAW, nya Mirza tea, malah Allah teh
berkomunikasi jeung nabi anyar tea teh, tur dibukukeun ceunah
(tazkirah). Jadi dakwahna Ahmadiyah dumasar kana "firman" anu tercanggih.

Jol tayangan jawaban ti pihak Ahmadiyah "Kebebasan beragama dijamin
UUD 45"

Ieu dua argumentasi teh teu nyambung, ceng teh.
TV-na anu boloon, wartawannu cileupeung [teu bisa ngorek argumentasi
nu sajalur].
Nu jelas kuring bingung.

Meureun maksud jawaban ahmadiyah teh: Lamun UUD 45 ngajamin kebebasan
beragama: 
-berarti bebas menafsirkan agama yang ada dengan tafsir baru
-orang boleh mengaku nabi baru dan orang lain bebas mengakui atau
tidak mengakui nabi baru itu 
-orang lain bebas pula mengikuti atau tidak mengikuti nabi baru itu.

Mun kitu karunya Pak Musadek jeung Lia Aminudin atuh nya pan sarua UUD
45 teh ngajamin oge.

teuing ahh.....

Kirim email ke