> From: H Surtiwa > Cik kumaha mun dibalik, Fatwa Ahmadiyah; > 1. Nu liluar Ahmadiyah kafir. > 2. Mun shalat teu kaci makmum ka Islam salain Ahmadiyah
Jadi silih tuduh panginten nya Bah. Tah didieu PENTINGNA PERAN NAGARA/ PAMARENTAH. Nagara ulah mihak ka salah sahiji, nuduh sesat kanu sejen, nagara kuduna netral. Nagara kakara "turun tangan" lamun aya pihak nu ngarugikeun nu sejen. Tangtos we istilah "ngarugikeun" teh kedah puguh ukuranana, ulah ngambang. Naha rugi ku materi atawa rugi sacara kajiwaan (siga trauma) sareng kudu Pangadilan anu mutuskeun. Baktos, WALUYA

