meunang wae... ngan cap kalangsu cap kafir kudu ditingkatkeun heula nilai bahasana ka nu leuwih alus. nu kafir atawa nu kalangsu lain musuh nu kudu dimusnahkeun. ukur maranehna teh 'lain urang'. urang bisa ngingetan, sabates ngingetan wungkul. di mana manehna masih keneh yakin kana jalanna, pasrahkeun ka Gusti langsung, ulah nepi ka diwakilan. da urang ge ukur "susuganan" jalan nu disorang teh bener.
kateuingtang On Thu, May 8, 2008 at 11:52 AM, H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Cik kumaha mun dibalik, Fatwa Ahmadiyah; > 1. Nu liluar Ahmadiyah kafir. > 2. Mun shalat teu kaci makmum ka Islam salain Ahmadiyah > > > On 5/8/08, ua duq <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > ari ceuk kuring mah kiwari perlu pisan ngartikeun deui "fatwa > > sesat"... fatwa sesat model baheula, singsaha nu diluareun urang perangan! > > rarasaan mah geus teu cocog deui. > > > > cek kuring mah fatwa sesat teh lain jeung ngaburakbarik kapercayaan > > batur... tapi keur nyengker urang sangkan henteu kaluar tina bunderan. > > > > kateuing ketang.. > > > > -- > > d-: > > ~karék cénah~ > > > > -- d-: ~karék cénah~

