Ningal tina data, pamarentah Jepang tos ajeg ngadukung transportasi massal, eta harga tetep 350 yen. Diurang aplikasina rada geumpeur yeuh, busway, metromini, mikrolet ngaleor teu kacekel da pamarentah, organda jeung publik tara akur bae... Lumayan rada katiisan tensi transportasi teh sabab seueur nu marilih naraek motor, bari sok paur ningalina da ngararebut bae. Hiji deui nu matak lieur diurang mah nyaeta ngarala mental monyet, resep nimbun barang, dahareun ke dijual dina harga nu geus naek. Padahal manehna nu jadi salah sahiji panyakit kulantaran numpuk barang, terus langka, terus harga naek. Mental naon atuh ieu teh, monyet? norobos? rente? JP Makarya Mawa Raharja
----- Original Message ---- From: Budhi Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Monday, May 12, 2008 8:38:47 PM Subject: Re: [Urang Sunda] BBM Naek Kamari ahir bulan kamari ningali nu ngantri BBM di Jepang ti saprak taun 2003, soalna lumayan naek tina 120 yen kan 156 yen saliter bensin. Babandingan harga bensin, ongkos beus, harga endog hayam Taun 2003, bensin 90 yen, ongkos beus 350, harga endog 98 yen Taun 2005, bensin 110 yen, ongkos beus 350 yen, harga endog 98 yen Taun 2007, bensin 120 yen, ongkos beus 350 yen, harga endog 98 yen Mei 2008, bensin 156 yen, ongkos beus 350 yen, harga endog 105 yen Poe Saptu-Minggu harga bensin 152 yen, mun make kartu langganan kumaha bisa kitu ? wallahu'alam bissawab. budhi kurono kopo 241 On Tue, May 13, 2008 at 12:23 PM, Jalak Pakuan <jalakpakuan@ yahoo.com> wrote: Isuk pageto moal sarua jeung poe ayeuna. BBM kalah kumaha oge naek hargana da harga di dunya oge nerekel terus nu ceuk Kang Goldman Sach na sajeroning 24 bulan bisa nagog na $200 sa barrelna. Ayeuna bae nagog dina $120an geus oyag-oyagan. Kuring percaya pamarentah nangtukeun pilihan (opsi) nu pang hadena najan pasti pait. Teori, praktis, simulasi geus pasti dideres ku nu ahli2na, tinggal kumaha nyanghareupanana dina prak-prakanana. Mugi urang masih kandel jujurna. Mun enya loba nu miskin atuh laporanana kudu bener ulah mipinding kulantaran gengsi. Oge ulah jadi laletoy nu masih ajeg der ngaraku miskin. Ke matak paciweuh dina alokasi subsidi (duit, sandang pangan, kasehatan, atikan). Urang tingkatkeun kasadaran jeung solidaritas sosial. Gogorowokan di jalan, nyarita ngabusa di parlemen, di media oge bisa, tapi ceuk kuring mah mending tempo we tatangga jeung dulur2 nu deukeut mun bisa bantu bantuan. Keur mah deuih di Jabar-Banten teh masih aya kantong2 kamiskinan, action we lah ulah ujug2 jadi "mewakili" tuluy nungtut2. Lieur lah Rek kritis? Mangga we talungtik jeung neang solusi manajemen paminyakan di urang ti produksi nepi ka distribusi. Rek praktis? Urang biasakeun hidup basajan, hemat... Rek apatis? Eta mah kumaha karep Rek pundung ka pamarentah? Wilujeng pundung we he...he.... cag ah JP Makarya Mawa Raharja -- Budhi Setiawan e-mail: [EMAIL PROTECTED] ac.jp web: http://budhisetiawa n.net/

