Tah leres..lolobana urang kaasup mahasiswa..jeung LSM raresep janen pahlawan kasiangan...Cobi tong sambarangan..nahan subsid teh ngabahayakeun ekonomi nagara...kumaha..sok analisa ku nyalira...Anu anehna..tos aya fakta sareng data anu jelas yen ngan 20% eta disubsidi dinikmatan ku golongan rakyat cacah kaasup anu nganggo motor...mobil butut..kandaraan umum..taxi (lain keur rakyat cacah da mahal)....sedengkeun anu 80% mah dinikmatan kunu baleunghar anu boga mobil Kijang Innova...panther.....sedan honda toyota....hyundai....KIA...Suzuki...Peugeot anu meuli BBM teu disubsidi mah meureun..eta ge meureun ngan Mercy, Jaguar , Audi jeung mobil2 Import langsung....janten para pulitisi...LSM.mahasiswa..teh ngagunakan isue anu 20% keur tujuan anu teu jelas sacara ekonomi....sacara sosial..pan CEUNAH ku BLT...Tapi ulah lepat oge peranan anu 80% golongan keur ngomporan demo kanu 20% tea...ri soal harga mah BBM teu naek (hartosna subsidi teu dikirangan) ari harga minyak dunia nerekel mah..pasti mangaruhan Ekonomi Indonesia anu RAPBN bakal defisit gila2an...tungtungna inflasi..kulantaran pamarentah nginjeuman duit ..keur ngali lobang tutup lobang...nepi ka iaaha ?/
On 5/13/08, Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Isuk pageto moal sarua jeung poe ayeuna. BBM kalah kumaha oge naek > hargana da harga di dunya oge nerekel terus nu ceuk Kang Goldman Sach na > sajeroning 24 bulan bisa nagog na $200 sa barrelna. Ayeuna bae nagog > dina $120an geus oyag-oyagan. Kuring percaya pamarentah nangtukeun pilihan > (opsi) nu pang hadena najan pasti pait. Teori, praktis, simulasi geus pasti > dideres ku nu ahli2na, tinggal kumaha nyanghareupanana dina prak-prakanana. > Mugi urang masih kandel jujurna. Mun enya loba nu miskin atuh laporanana > kudu bener ulah mipinding kulantaran gengsi. Oge ulah jadi laletoy nu masih > ajeg der ngaraku miskin. Ke matak paciweuh dina alokasi subsidi (duit, > sandang pangan, kasehatan, atikan). Urang tingkatkeun kasadaran jeung > solidaritas sosial. Gogorowokan di jalan, nyarita ngabusa di parlemen, di > media oge bisa, tapi ceuk kuring mah mending tempo we tatangga jeung dulur2 > nu deukeut mun bisa bantu bantuan. Keur mah deuih di Jabar-Banten teh masih > aya kantong2 kamiskinan, action we lah ulah ujug2 jadi "mewakili" tuluy > nungtut2. Lieur lah > > Rek kritis? Mangga we talungtik jeung neang solusi manajemen paminyakan di > urang ti produksi nepi ka distribusi. > Rek praktis? Urang biasakeun hidup basajan, hemat... > Rek apatis? Eta mah kumaha karep > Rek pundung ka pamarentah? Wilujeng pundung we he...he.... > > cag ah > JP > > Makarya Mawa Raharja > > > > >

